Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 44

Na Kabéh Parayaan téh Nyenangkeun Allah?

Na Kabéh Parayaan téh Nyenangkeun Allah?

Yéhuwa hayang urang hirup bagja jeung ngarayakeun hal-hal nu nyukakeun haté. Tapi, na kabéh parayaan jeung hari raya téh nyenangkeun Yéhuwa? Waktu mutuskeun rék miluan hiji parayaan atawa henteu, kumaha urang bisa nunjukkeun kanyaah ka Yéhuwa?

1. Ku naon kalolobaan parayaan téh teu nyenangkeun Yéhuwa?

Anjeun meureun teu nyangka, kalolobaan parayaan téh teu sajalan jeung pangajaran Alkitab, atawa aya hubunganana jeung pangajaran agama palsu. Parayaan-parayaan éta meureun aya hubunganana jeung hal-hal gaib atawa pangajaran yén sanggeus maot téh saurang jalma ngajadi arwah. Sababaraha parayaan dirayakeun lantaran jalma-jalma percaya kana tahayul jeung nasib. (Yesaya 65:11) Yéhuwa méré paringetan ka umat-Na, ”Ulah nyabak deui anu najis.”​—2 Korintus 6:17. a

2. Kumaha parasaan Yéhuwa kana parayaan-parayaan nu ngagul-ngagulkeun manusa?

Yéhuwa méré naséhat supaya urang henteu ’ngandelkeun manusa’. (Baca Yermia 17:5.) Sababaraha hari raya téh dirayakeun pikeun ngahormat para pamingpin atawa pahlawan. Aya ogé nu nyieun parayaan pikeun ngarayakeun kamerdékaan hiji nagara atawa ngahormat lambang nagara, misalna bandéra. (1 Yahya 5:21) Terus, aya nu nyieun parayaan pikeun ngarayakeun gerakan pulitik atawa sosial. Kumaha parasaan Yéhuwa lamun urang ngagul-ngagulkeun jalma atawa organisasi, komo deui mun jalma atawa organisasi éta ngajurung batur ngalakukeun hal anu teu dipikaresep ku Allah?

3. Hal goréng naon anu sok dilakukeun ku jalma-jalma dina hiji parayaan?

Alkitab ngalarang urang ”mabok-mabokan, pésta liar, [jeung] paloba-loba nginum inuman keras”. (1 Pétrus 4:3) Dina sababaraha parayaan, jalma-jalma téh jadi liar jeung ngalakukeun lampah cabul. Supaya bisa tetep nyobat jeung Yéhuwa, urang kudu ngajauhan kalakuan goréng jiga kitu.

HAYU NGULIK

Tingali kumaha anjeun bisa nyenangkeun Yéhuwa ku cara nyieun putusan anu bijaksana ngeunaan hari raya jeung parayaan.

4. Ulah miluan parayaan nu teu nyenangkeun Yéhuwa

Baca Éfésus 5:10, terus bahas:

  • Naon anu kudu dipikirkeun saacan urang mutuskeun rék miluan hiji parayaan?

  • Jalma-jalma di daérah anjeun sok ngarayakeun naon waé?

  • Ceuk anjeun, na parayaan-parayaan éta téh nyenangkeun Yéhuwa?

Pernah teu anjeun mikirkeun kumaha pandangan Allah ngeunaan pésta ulang taun? Dina Alkitab, teu pernah dicaritakeun yén umat Yéhuwa ngarayakeun ulang taun. Tapi, Alkitab nyaritakeun dua pésta ulang taun nu dirayakeun ku jalma nu teu nyembah ka Yéhuwa. Baca Kajadian 40:20-22 jeung Matius 14:6-10, terus bahas:

  • Naon hal nu sarua tina dua pésta ulang taun éta?

  • Dumasar kana dua kisah éta, ceuk anjeun, kumaha pandangan Yéhuwa ngeunaan ulang taun?

Tapi meureun anjeun gé mikir, ’Mun abdi ngarayakeun ulang taun atawa parayaan séjénna nu teu dumasar kana Alkitab, mémangna aya pangaruhna keur Yéhuwa?’ Baca Budalan 32:1-8. Geus kitu setél VIDÉO, terus bahas:

  • Ku naon urang kudu mastikeun hal nu dilakukeun ku urang téh nyenangkeun Yéhuwa?

  • Kumaha cara ngalakukeunana?

Parayaan jiga kumaha anu teu nyenangkeun Allah?

  • Na parayaan éta dumasar kana pangajaran anu teu sajalan jeung Alkitab? Pék pariksa asal-usulna.

  • Na parayaan éta ngagul-ngagulkeun manusa, organisasi, atawa lambang nagara? Urang ngan ngamulyakeun Yéhuwa sarta yakin ngan Yéhuwa anu bisa ngaréngsékeun kabéh masalah di dunya.

  • Na hal-hal anu dilakukeun dina parayaan éta ngalanggar prinsip Alkitab? Urang kudu ngajaga diri tetep bersih sacara moral.

5. Jelaskeun kapercayaan anjeun

Mun aya anu ngajurung-jurung anjeun pikeun miluan parayaan nu teu nyenangkeun Yéhuwa, meureun anjeun hésé nolakna. Ku kituna, anjeun kudu sabar jeung bijaksana waktu ngajelaskeun putusan anjeun. Kumaha carana? Setél VIDÉO.

Baca Matius 7:12, terus bahas:

  • Dumasar kana ayat ieu, na anjeun téh meunang ngalarang anggota kulawarga nu lain Saksi pikeun ngarayakeun hari raya?

  • Kumaha anjeun bisa ngayakinkeun kulawarga yén anjeun téh nyaah ka maranéhna najan teu miluan parayaan bareng jeung maranéhna?

6. Yéhuwa hayang urang senang

Yéhuwa hayang urang ngumpul sarta senang-senang bareng jeung kulawarga atawa babaturan urang. Baca Pandita 8:15, terus bahas:

  • Tina ayat ieu, naon anu nunjukkeun yén Yéhuwa téh hayang urang senang?

Yéhuwa hayang umat-Na ngumpul jeung gaul bareng. Setél VIDÉO pikeun ningali kumaha umat Yéhuwa ngumpul sarta gaul bareng jeung dulur saiman dina kongrés internasional.

Baca Galatia 6:10, terus bahas:

  • Na ngan dina hari raya hungkul urang bisa ”nyieun kahadéan” ka batur?

  • Anjeun leuwih resep nu mana? Méré hadiah dina hari raya lantaran ngarasa wajib atawa méré hadiah iraha waé lantaran hayang?

  • Loba Saksi sok méré hadiah atawa nyieun acara nu istiméwa keur barudakna. Mun anjeun boga budak, anjeun bisa méré hadiah atawa nyieun acara naon keur budak anjeun?

AYA NU NGOMONG: ”Urang teu kudu nyaho asal-usul hiji parayaan, da urang mah ngarayakeunana lantaran hayang ngumpul jeung kulawarga sarta babaturan.”

  • Anjeun bakal ngomong naon ka jalma nu boga pamikiran jiga kitu?

INTI BAB

Yéhuwa hayang urang ngumpul sarta senang-senang bareng jeung kulawarga atawa babaturan. Tapi, Yéhuwa gé hayang urang ngajauhan parayaan-parayaan anu teu nyenangkeun Anjeunna.

Nu geus dibahas

  • Kumaha supaya anjeun bisa mutuskeun hiji parayaan téh nyenangkeun Yéhuwa atawa henteu?

  • Kumaha supaya kulawarga jeung babaturan paham kana pandangan urang ngeunaan hari raya?

  • Ti mana urang apal yén Yéhuwa hayang urang senang?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Opat alesan ku naon urang yakin yén parayaan ulang taun téh teu nyenangkeun Allah.

”Ku Naon Saksi Yéhuwa Teu Ngarayakeun Ulang Taun?” (Artikel dina jw.org)

Mangga tingali kumaha budak leutik nu nyaah ka Yéhuwa bisa nyenangkeun Anjeunna waktu batur ngarayakeun hari raya.

Kamu Disayang Yehuwa (11:35)

Jutaan urang Kristen teu ngarayakeun Natal. Na maranéhna kaduhung?

”Maranéhna Manggihan nu Leuwih Alus” (Warta Hadé 1 Désémber 2012)

a Baca Catetan Ahir 5 pikeun ningali naon nu bisa urang lakukeun dina sababaraha kaayaan anu aya hubunganana jeung hari raya.