Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 52

Ku Naon Urang Kudu Merhatikeun Pakéan jeung Dangdanan Urang?

Ku Naon Urang Kudu Merhatikeun Pakéan jeung Dangdanan Urang?

Cara papakéan jeung dangdanan urang téh béda-béda. Lamun urang nuturkeun sababaraha prinsip Alkitab ngeunaan hal ieu, urang bisa milih pakéan jeung dangdanan nu dipikaresep ku urang, sakaligus nu nyenangkeun Yéhuwa. Hayu urang bahas sababaraha prinsipna.

1. Prinsip naon waé nu bisa ngabantu urang milih pakéan jeung dangdanan?

Urang kudu ”maké pakéan nu pantes, kudu saderhana, jeung kudu maké pikiran nu séhat”. Pakéan urang gé kudu bersih, sabab éta bisa nunjukkeun yén urang téh ”ngabdi ka Allah”. (1 Timotius 2:9, 10) Pikirkeun opat prinsip ieu: (1) Urang kudu maké pakéan nu ”pantes”. Dina pasamoan, anjeun pasti bisa ningali yén pakéan jeung modél buuk Saksi Yéhuwa téh béda-béda. Tapi, dangdanan maranéhna nunjukkeun yén maranéhna hormat ka Allah. (2) Urang kudu maké pakéan nu ”saderhana”. Maksudna, urang moal maké pakéan anu nyababkeun batur boga pikiran nu kotor. Urang gé moal maké pakéan anu narik perhatian teuing. (3) Urang kudu boga ”pikiran nu séhat”. Urang moal nurutan unggal modél pakéan nu keur usum. (4) Pakéan urang kudu nunjukkeun yén urang téh ”ngabdi ka Allah” nu sajati.​—1 Korintus 10:31.

2. Ku naon urang kudu mikirkeun dulur-dulur saiman waktu milih pakéan jeung dangdanan?

Mémang, urang boga kabébasan pikeun milih rék maké baju nu jiga kumaha. Tapi urang kudu inget, dangdanan urang téh bisa waé nyieun batur risi. Urang pasti embung nepi ka ngaganggu haté sanubari batur. Urang hayang ”nyenangkeun sasama jeung nyieun kahadéan supaya maranéhna kuat”.​—Baca Roma 15:1, 2.

3. Kumaha pakéan jeung dangdanan urang bisa narik batur kana bebeneran?

Urang hayang maké pakéan jeung dangdanan nu pantes unggal waktu, utamana waktu masamoan jeung dines. Urang embung batur jadi leuwih merhatikeun pakéan jeung dangdanan urang tibatan warta hadé nu urang tepikeun. Sabalikna, urang hayang pakéan jeung dangdanan urang narik batur kana bebeneran sarta ”ngahias pangajaran Allah, Jurusalamet urang”.​—Titus 2:10.

HAYU NGULIK

Perhatikeun kumaha urang Kristen bisa milih pakéan jeung dangdanan nu pantes.

Pakéan jeung dangdanan bisa nunjukkeun urang ngahargaan patugas pamaréntah atawa henteu. Nu ditingali ku Yéhuwa téh mémang eusi haté urang, tapi pakéan jeung dangdanan urang kudu nunjukkeun hormat ka Anjeunna

4. Pakéan nu pantes téh nunjukkeun hormat ka Yéhuwa

Ku naon urang kudu merhatikeun pakéan jeung dangdanan? Baca Wahyu 4:11, terus bahas:

  • Pakéan jeung dangdanan urang téh mangaruhan pandangan batur ka Yéhuwa. Jadi, urang kuduna milih pakéan nu jiga kumaha?

  • Ceuk anjeun, na urang mémang perlu merhatikeun pakéan jeung dangdanan urang waktu keur masamoan jeung dines? Ku naon anjeun ngajawab kitu?

5. Carana milih pakéan jeung dangdanan nu pantes

Setél VIDÉO.

Teu sual mahal atawa murah, pakéan urang kudu bersih sarta cocog jeung kagiatan urang. Baca 1 Korintus 10:24 jeung 1 Timotius 2:9, 10. Terus, bahas ku naon urang embung maké pakéan nu . . .

  • kucel atawa nyantai teuing.

  • bisa nyababkeun batur boga pikiran kotor, misalna nu merecet atawa nu lahak.

Ayeuna, urang Kristen mémang geus teu kudu nuturkeun Hukum Musa. Tapi tina Hukum éta, urang bisa nyaho kumaha pandangan Yéhuwa. Baca Pamindo 22:5, terus bahas:

  • Ku naon lalaki ulah maké pakéan jeung dangdanan jiga awéwé, sarta awéwé ulah maké pakéan jeung dangdanan jiga lalaki?

Baca 1 Korintus 10:32, 33 jeung 1 Yahya 2:15, 16, terus bahas:

  • Waktu milih pakéan, ku naon urang kudu mikirkeun pilihan urang téh bisa nyieun batur risi atawa henteu?

  • Di daérah anjeun, kumaha modél pakéan jeung dangdanan jalma-jalma?

  • Di antara modél pakéan jeung dangdanan éta, na aya anu teu pantes keur urang Kristen? Ku naon anjeun ngajawab kitu?

Urang bisa milih pakéan jeung dangdanan nu dipikaresep ku urang, sakaligus nu nyenangkeun Yéhuwa

AYA NU NGOMONG: ”Rék maké baju naon gé, kumaha urang wéh.”

  • Na anjeun satuju? Ku naon anjeun ngajawab kitu?

INTI BAB

Lamun pakéan jeung dangdanan urang pantes, éta hartina urang hormat ka Yéhuwa jeung ngahargaan batur.

Nu geus dibahas

  • Ku naon pakéan jeung dangdanan urang téh penting keur Yéhuwa?

  • Prinsip naon waé nu bisa ngabantu urang milih pakéan jeung dangdanan?

  • Kumaha pakéan jeung dangdanan urang mangaruhan pandangan batur kana ibadah nu sajati?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Pakéan urang téh bisa ngungkabkeun saha urang sabenerna.

”Kumaha Dangdanan Abdi?” (Artikel dina jw.org)

Saacan ditato, ku naon urang kuduna mikirkeun heula balukarna?

”Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Tato?” (Artikel dina jw.org)

Baca prinsip-prinsip séjén nu bisa ngabantu urang bijaksana dina milih pakéan.

”Na Cara Papakéan Urang Ngamulyakeun Allah?” (Warta Hadé Séptémber 2016)

Ku naon saurang awéwé ahirna bisa narima pandangan batur ngeunaan pakéan jeung dangdanan?

”Pakéan jeung Dangdanan Abdi téh Jadi Hahalang” (Éling! 22 Désémber 2003)