Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 54

Saha ”Palayan nu Satia jeung Bijaksana”, sarta Naon Tugasna?

Saha ”Palayan nu Satia jeung Bijaksana”, sarta Naon Tugasna?

Isa téh Kapala sidang Kristen. (Éfésus 5:23) Ti sorga, Isa ngabingbing murid-muridna anu aya di bumi liwat ”palayan nu satia jeung bijaksana”. (Baca Matius 24:45.) Palayan éta diangkat ku Isa sarta dibéré wewenang pikeun nyieun putusan. Sanajan kitu, palayan éta kudu taat ka Isa jeung ngalayanan dulur-dulurna Isa. Saha palayan éta téh? Jeung, kumaha palayan éta ngurus kabutuhan urang?

1. Saha ”palayan nu satia jeung bijaksana” téh?

Ti jaman baheula, Yéhuwa geus biasa ngagunakeun saurang lalaki atawa sababaraha lalaki pikeun méré pituduh ka umat-Na. (Malaki 2:7; Ibrani 1:1) Sanggeus Isa maot, para rasul jeung kokolot di Yérusalém ngurus sidang jamaah. (Kisah 15:2) Sarua jiga kitu, ayeuna gé aya sababaraha kokolot nu nyadiakeun kadaharan rohani jeung méré pituduh ngeunaan kagiatan pangwawaran. Maranéhna disebut Badan Pingpinan Saksi-Saksi Yéhuwa. Maranéhna téh ”palayan nu satia jeung bijaksana nu diangkat ku [Isa]”. (Matius 24:45a) Kabéh anggota Badan Pingpinan téh urang Kristen anu dilantik ku kawasa suci. Engké sanggeus maranéhna maot jeung diangkat ka sorga, maranéhna bakal maréntah bareng jeung Isa dina Pamaréntahan Allah.

2. Dahareun rohani naon anu disadiakeun ku palayan nu satia?

Isa ngomong, palayan nu satia téh bakal ”méré dahar [kabéh urang Kristen] pas dina waktuna”. (Matius 24:45b) Dahareun téh bisa nyieun awak urang tetep séhat jeung kuat. Dahareun rohani gé, maksudna pituduh tina Firman Allah, bisa ngabantu supaya urang tetep satia ka Yéhuwa sarta sanggup ngajalankeun tugas ti Isa. (1 Timotius 4:6) Urang narima dahareun rohani liwat pasamoan jeung kongrés-kongrés, sarta liwat bahan bacaan jeung vidéo nu dumasar kana Alkitab. Éta kabéh bisa ngabantu urang ngarti naon anu dipikahayang ku Allah, sarta bisa nguatkeun sosobatan urang jeung Anjeunna.

HAYU NGULIK

Tingali ku naon urang téh butuh ”palayan nu satia jeung bijaksana”, nyaéta Badan Pingpinan.

Badan Pingpinan méré dahareun rohani, pituduh, jeung bantuan keur Saksi-Saksi Yéhuwa di sakuliah dunya

3. Umat Yéhuwa kudu tartib

Ayeuna, Badan Pingpinan narima pituduh ti Isa pikeun ngatur kagiatan Saksi-Saksi Yéhuwa. Éta sarua jiga badan pingpinan dina abad kahiji anu narima pituduh ti Isa pikeun ngatur kagiatan urang Kristen. Setél VIDÉO.

Baca 1 Korintus 14:33, 40, terus bahas:

  • Kumaha ayat-ayat ieu nunjukkeun yén Yéhuwa hayang umat-Na tartib?

4. Palayan nu satia ngatur kagiatan pangwawaran urang

Pangwawaran téh mangrupakeun pagawéan anu pangpentingna keur urang Kristen dina abad kahiji. Baca Kisah 8:14, 25, terus bahas:

  • Saha anu ngatur kagiatan pangwawaran dina abad kahiji?

  • Waktu narima pituduh ti rasul séjénna, kumaha sikep Pétrus jeung Yahya?

Ayeuna gé, pangwawaran téh mangrupakeun kagiatan pangpentingna anu diatur ku Badan Pingpinan. Setél VIDÉO.

Isa nandeskeun yén kagiatan pangwawaran téh penting pisan. Baca Markus 13:10, terus bahas:

  • Ku naon Badan Pingpinan nganggap kagiatan pangwawaran téh penting pisan?

  • Ku naon kagiatan pangwawaran di sakuliah dunya perlu diatur ku ”palayan nu satia jeung bijaksana”?

5. Palayan nu satia méré pituduh

Badan Pingpinan méré pituduh keur urang Kristen di sakuliah dunya. Kumaha cara maranéhna mutuskeun pituduh naon anu rék dibikeun ka sidang jamaah? Perhatikeun kumaha badan pingpinan dina abad kahiji mutuskeun hal éta. Baca Kisah 15:1, 2, terus bahas:

  • Dina abad kahiji, aya masalah naon di antara urang Kristen?

  • Pikeun ngaréngsékeun masalah éta, Paulus, Barnabas, jeung nu séjénna ménta pituduh ka saha?

Baca Kisah 15:12-18, 23-29, terus bahas:

  • Saacan nyieun putusan, naon nu dilakukeun ku badan pingpinan dina abad kahiji supaya bisa narima pituduh ti Allah ngeunaan hiji masalah?​—Tingali ayat 12, 15, jeung 28.

Baca Kisah 15:30, 31 jeung 16:4, 5, terus bahas:

  • Kumaha sikep urang Kristen dina abad kahiji waktu narima pituduh ti badan pingpinan?

  • Kumaha Yéhuwa ngaberkahan kataatan maranéhna?

Baca 2 Timotius 3:16 jeung Yakobus 1:5, terus bahas:

  • Ayeuna, Badan Pingpinan néangan pituduh ti mana saacan nyieun putusan?

AYA NU NGOMONG: ”Mun urang nurut ka Badan Pingpinan, éta hartina urang téh nuturkeun manusa.”

  • Naon buktina yén Badan Pingpinan téh dibingbing ku Isa?

INTI BAB

Badan Pingpinan téh ”palayan nu satia jeung bijaksana” anu diangkat ku Isa Al-Masih. Badan Pingpinan méré pituduh jeung dahareun rohani ka kabéh urang Kristen di sakuliah dunya.

Nu geus dibahas

  • Saha nu ngangkat ”palayan nu satia jeung bijaksana”?

  • Kumaha Badan Pingpinan ngurus kabutuhan urang?

  • Na anjeun yakin yén Badan Pingpinan téh ”palayan nu satia jeung bijaksana”?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Tingali kumaha Badan Pingpinan ngajalankeun tugasna.

”Naon Badan Pingpinan Saksi-Saksi Yéhuwa téh?” (Artikel dina jw.org)

Tingali kumaha Badan Pingpinan mastikeun urang narima publikasi nu eusina bisa dipercaya.

Nyieun Publikasi nu Eusina Bisa Dipercaya (17:18)

Kumaha parasaan anggota Badan Pingpinan kana tugas nu geus dibikeun ku Isa ka maranéhna?

Ieu téh Kahormatan (7:04)

Kumaha pasamoan jeung kongrés nunjukkeun yén Yéhuwa téh ngabingbing Badan Pingpinan?

Yéhuwa Ngajar Umat-Na (9:39)