Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Catetan Ahir

Catetan Ahir
  1.  Saha Babilon Gedé téh?

  2.  Iraha Al-Masih Datang?

  3.  Parawatan Kaséhatan nu Ngagunakeun Getih

  4.  Salaki jeung Pamajikan Papisah

  5.  Hari Raya jeung Parayaan

  6.  Panyakit nu Bisa Népa

  7.  Urusan Bisnis jeung Hukum

 1. Saha Babilon Gedé téh?

Ti mana urang apal yén ”Babilon Gedé” téh ngagambarkeun kabéh agama palsu? (Wahyu 17:5) Perhatikeun hal-hal ieu:

  • Manéhna boga pangaruh di sakuliah dunya. Babilon Gedé diuk di luhureun ’rahayat jeung bangsa’. Manéhna ”ngawasaan raja-raja di bumi”.​—Wahyu 17:15, 18.

  • Manéhna moal mungkin ngalambangkeun pangawasa pulitik atawa perdagangan. Waktu Babilon Gedé diancurkeun, ”raja-raja di bumi” jeung ”para padagang” tetep aya.​—Wahyu 18:9, 15.

  • Manéhna ngagogoréng Allah. Manéhna disebut palacur sabab sakongkol jeung pamaréntah ngarah meunang duit atawa kauntungan séjénna. (Wahyu 17:1, 2) Manéhna nyasabkeun kabéh bangsa. Manéhna gé nyababkeun loba jalma maot.​—Wahyu 18:23, 24.

Balik ka bab 13 nomer 6

 2. Iraha Al-Masih Datang?

Alkitab ngaramalkeun yén Al-Masih bakal datang sanggeus 69 minggu.​—Baca Daniel 9:25, NW.

  • Iraha 69 minggu éta dimimitian? Dina taun 455 SM. Harita, Gupernur Néhémia nepi di Yérusalém pikeun ”ngabangun deui” éta kota.​—Daniel 9:25, NW; Nehemia 2:1, 5-8.

  • Sabaraha lila 69 minggu téh? Dina sababaraha nubuat Alkitab, sapoé téh ngamaksudkeun sataun. (Bilangan 14:34; Yeheskel 4:6) Jadi, saminggu téh maksudna tujuh taun. Dina nubuat ieu, 69 minggu téh maksudna 483 taun (69 x 7).

  • Iraha 69 minggu éta enggeusan? Mun diitung-itung mah, 483 taun sanggeus 455 SM téh hasilna 29 M. a Percis dina taun éta, Isa dibaptis jeung jadi Al-Masih!​—Lukas 3:1, 2, 21, 22.

Balik ka bab 15 nomer 5

 3. Parawatan Kaséhatan nu Ngagunakeun Getih

Aya parawatan-parawatan kaséhatan nu ngagunakeun getih si pasiénna sorangan. Sababaraha di antarana teu bisa ditarima ku urang Kristen, misalna donor darah atawa nyimpen getih saacan operasi.​—Pamindo 15:22b.

Tapi, aya parawatan kaséhatan nu bisa jadi ditarima ku urang Kristen, misalna tés darah, cuci darah (hémodialisis), ngéncérkeun getih (hémodilusi), ngagunakeun mesin pikeun nyalametkeun sél darah, atawa ngagunakeun mesin jantung-paru. b Unggal urang Kristen kudu mutuskeun sorangan, getihna rék dikumahakeun waktu operasi, tés médis, atawa proses pengobatan. Cara tiap dokter ngalakukeun parawatan-parawatan kaséhatan ieu téh bisa béda-béda. Jadi saacan operasi, tés médis, atawa ngajalankeun proses pengobatan, urang Kristen kudu paham heula getihna bakal dikumahakeun. Pikirkeun pananya-pananya ieu:

  • Lamun sabagian getih abdi dialirkeun kaluar tina awak, terus aliranana dieureunkeun sababaraha waktu, na haté sanubari abdi masih nganggap éta getih téh bagian tina awak, jadi teu kudu dikucurkeun ”kana taneuh”?​—Pamindo 12:23, 24.

  • Salila ngajalankeun parawatan kaséhatan, lamun sabagian getih abdi dialirkeun kaluar tina awak, dibersihan, dibéré obat, terus diasupkeun deui kana awak, na haté sanubari abdi nu geus dilatih ku Alkitab bakal kaganggu?

Balik ka bab 39 nomer 3

 4. Salaki jeung Pamajikan Papisah

Firman Allah méré nyaho yén salaki jeung pamajikan teu meunang papisah. Tapi saupama kudu nepi ka papisah, maranéhna teu meunang kawin deui jeung batur. (1 Korintus 7:10, 11) Sanajan kitu, sababaraha urang Kristen bisa waé papisah ku lantaran sababaraha hal ieu:

  • Salaki ngahaja teu nganapkahan kulawargana: Salaki ngahaja teu nganapkahan kulawargana, nepi ka keur pangabutuh sapopoé gé teu dibéré.​—1 Timotius 5:8.

  • Panganiayaan nu parah: Panganiayaan nu kejem nu ngancam kaséhatan jeung kasalametan batur hirup.​—Galatia 5:19-21.

  • Hubungan jeung Yéhuwa bener-bener kaancam: Salaki atawa pamajikan ngahalang-halang batur hirupna nepi ka sama sakali teu bisa ibadah ka Yéhuwa.​—Kisah 5:29.

Balik ka bab 42 nomer 3

 5. Hari Raya jeung Parayaan

Urang Kristen teu meunang ngarayakeun hari-hari raya nu teu nyenangkeun Yéhuwa. Tapi, unggal urang Kristen kudu ngagunakeun haté sanubarina nu geus dilatih ku Alkitab pikeun mutuskeun, manéhna rék kumaha mun nyanghareupan kaayaan-kaayaan ieu dina hari raya:

  • Aya nu méré ucapan salamet pas hari raya. Anjeun bisa ngomong, ”Hatur nuhun.” Mun manéhna hayang nyaho ku naon anjeun teu ngarayakeun hari raya éta, anjeun bisa ngajelaskeunana.

  • Batur hirup nu lain Saksi ngajak anjeun pikeun dahar bareng jeung kulawarga dina hari raya. Mun haté sanubari anjeun teu kaganggu, anjeun bisa milu jeung manéhna. Tapi anjeun kudu ngajelaskeun heula, mun engké aya kabiasaan-kabiasaan nu aya hubunganana jeung agama palsu, anjeun mah moal pipilueun.

  • Si bos méré bonus dina hari raya. Na anjeun kudu nolak bonus éta? Can tangtu. Pék pikirkeun, mun anjeun narima bonusna, na manéhna bakal mikir yén anjeun gé ngarayakeun hari raya éta? Atawa, na manéhna méré bonus téh lantaran ngahargaan anjeun nu geus getol digawé?

  • Aya nu méré hadiah pas keur hari raya. Meureun manéhna ngomong kieu, ”Urang ngarti, manéh teu ngarayakeun hari raya ieu. Tapi, ieu aya hadiah jang manéh.” Saacan narima hadiah éta, pék pikirkeun: ’Na manéhna méré hadiah téh lantaran bageur? Atawa, na manéhna méré hadiah téh lantaran hayang nguji iman abdi sarta hayang abdi milu ngarayakeun hari raya éta?’ Urang pasti hayang nyieun putusan nu bener supaya haté sanubari urang tetep bersih sarta supaya urang bisa tetep satia ka Yéhuwa.​—Kisah 23:1.

Balik ka bab 44 nomer 1

 6. Panyakit nu Bisa Népa

Urang téh nyaah ka sasama. Jadi lamun urang gering, pasti urang embung batur katépaan. Lamun urang keur gering atawa ngarasa bisa népakeun panyakit ka batur, urang bakal ati-ati pisan. Urang hayang ngajalankeun naséhat Alkitab ieu, ”Maranéh kudu nyaah ka sasama siga ka diri sorangan.”​—Roma 13:8-10.

Saurang jalma nu bisa népakeun panyakit ka batur sakuduna nuturkeun naséhat Alkitab ieu. Kumaha carana? Manéhna kudu jaga jarak, misalna ulah nyium atawa nangkeup batur. Manéhna gé sakuduna teu nyeri haté mun aya dulur saiman nu embung ngondang manéhna ka imahna, sabab sieun kulawargana katépaan. Terus saacan dibaptis, manéhna kudu méré nyaho koordinator badan kokolot yén manéhna téh boga panyakit. Ku kituna, kokolot bisa ngatur ngarah calon baptis nu séjén teu katépaan. Salian ti éta, saacan bobogohan, jalma nu bisa jadi boga panyakit parah jeung bisa népa ka batur sakuduna réla pikeun dités darah heula. Ku cara-cara jiga kitu, manéhna téh nunjukkeun yén manéhna teu ’mikirkeun kapentingan diri sorangan baé, tapi mikirkeun ogé kapentingan batur’.​—Filipi 2:4.

Balik ka bab 56 nomer 2

 7. Urusan Bisnis jeung Hukum

Urang bisa nyegah loba masalah dina urusan bisnis lamun urang nyieun surat perjangjian. Najan bisnisna jeung dulur saiman, surat perjangjian téh penting. (Yermia 32:9-12) Tapi najan geus nyieun surat perjangjian gé, bisa waé aya saeutik masalah, sabab unggal urang Kristen téh bisa boga pandangan nu béda-béda ngeunaan duit atawa hal-hal séjénna. Jadi lamun aya masalah, pék langsung dibéréskeun, ulah nepi ka paséa, sarta ulah diomong-omongkeun ka batur.

Tapi kumaha lamun aya masalah anu sérius, misalna mun aya nu dipitnah atawa ditipu? (Baca Matius 18:15-17.) Isa méré tilu naséhat ieu:

  1. Urus masalahna jeung manéhna hungkul.​—Tingali ayat 15.

  2. Mun teu bisa, bawa dulur saiman anu kuat rohani.​—Tingali ayat 16.

  3. Mun can bérés kénéh, kakara bawa masalahna ka para kokolot.​—Tingali ayat 17.

Seringna mah, leuwih alus mun urang Kristen teu mawa masalahna jeung dulur saiman ka pangadilan nagara. Ku naon? Sabab éta bisa ngaruksak ngaran Yéhuwa jeung sidang. (1 Korintus 6:1-8) Tapi, bisa jadi aya sababaraha kasus anu kudu diurus di pangadilan. Misalna, masalah pepegatan, hak asuh anak, tunjangan sanggeus pepegatan, ganti rugi asuransi, pausahaan anu bangkrut, atawa surat wasiat. Mun urang Kristen ngaréngsékeun kasus-kasus jiga kieu di pangadilan, manéhna téh teu ngalanggar naséhat Alkitab.

Terus bisa ogé aya tindakan kajahatan, misalna aya nu diperkosa, diserang, dirampog, dipaéhan, atawa aya budak anu dikaniaya. Mun urang Kristen ngalaporkeun kasus-kasus jiga kieu ka pulisi, manéhna gé teu ngalanggar naséhat Alkitab.

Balik ka bab 56 nomer 3

a Ti taun 455 SM nepi ka 1 SM téh lilana 454 taun. Ti 1 SM ka 1 M téh sataun, sabab euweuh taun enol. Terus, ti 1 M nepi 29 M téh lilana 28 taun. Mun kabéhanana dijumlahkeun, hasilna nyaéta 483 taun.

b Pikeun ningali katerangan ngeunaan parawatan-parawatan kaséhatan ieu, mangga tingali ”Pertanyaan Pembaca” dina Menara Pengawal 15 Oktober 2000.