Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi


Carana ngarah meunang loba mangpaat tina palajaran Alkitab ieu

Carana ngarah meunang loba mangpaat tina palajaran Alkitab ieu

Bahas heula bagian ieu, terus setél VIDÉO.

BAGIAN MIMITI

Waktu persiapan keur unggal bab, mangga baca unggal paragrap, kaasup pananya (A) jeung ayat (B) nu dicitak kandel. Éta nandeskeun inti palajaranana. Waktu ngabahas buku ieu, mangga baca babarengan ayat-ayat nu ditandaan ”baca”.

BAGIAN TENGAH

Katerangan (C) dina bagian Hayu Ngulik ngajelaskeun naon waé nu bakal dibahas. Subjudul (D) téh topik-topik nu bakal dibahasna. Waktu diajar jeung saurang Saksi, mangga baca ayatna, jawab pananyana, sarta tongton vidéo-vidéona.

Dina kotak VIDÉO, anjeun bisa muka link vidéo jeung rekaman audio nu aya hubunganana jeung bab nu keur dibahas. Sababaraha vidéo téh nyaritakeun kisah nyata. Aya ogé vidéo-vidéo nu lain kisah nyata, tapi ngagambarkeun kaayaan nu bisa waé kaalaman ku jalma-jalma.

Tingali ogé gambar sarta katerangan gambarna (E). Terus, pikirkeun kumaha anjeun bakal ngajawab bagian Aya nu Ngomong (F).

BAGIAN AHIR

Bagian Inti Bab jeung Nu Geus Dibahas (G) jadi kasimpulan tina unggal bab. Tuliskeun iraha anjeun bérés ngabahas unggal babna. Anjeun bisa ngupayakeun hal-hal nu aya dina bagian Pék Upayakeun (H). Dina bagian Tingali Ogé (I) aya bahan-bahan tambahan nu bisa dibaca atawa ditongton ku anjeun.

Carana néangan ayat-ayat dina Alkitab

Alkitab téh kumpulan tina 66 kitab. Alkitab dibagi jadi dua bagian: Kitab-Kitab Ibrani-Aram (”Perjangjian Lawas”) jeung Kitab-Kitab Yunani Kristen (”Perjangjian Anyar”).

Mun aya ayat nu dikutip, nu mimiti disebutkeun téh ngaran kitabna (A), terus pasalna (B), kakara ayatna (C).

Misalna Yahya 17:3, maksudna téh ayatna dicokot tina kitab Yahya, pasal 17, ayat 3.