BAGIAN 3
Naséhat Praktis nu Ningkatkeun Kualitas Kahirupan
BAYANGKEUN aya hiji dokter nu pindah ka daérah Sadérék. Tiasa waé mimitina mah Sadérék cangcaya ka anjeunna. Tapi, kumaha upami sababaraha réréncangan Sadérék diubaran ku éta dokter teras énggal damang? Naha Sadérék masih kénéh cangcaya ka anjeunna?
Dina sababaraha hal, Kitab Suci sarua jeung éta dokter. Sababaraha jalma cangcaya kana Kitab Suci. Tapi, waktu maranéhna ngalarapkeun naséhat nu wijaksana tina Kitab Suci, kualitas kahirupanana jadi jauh leuwih hadé. Perhatikeun conto-conto ieu.
Ngaréngsékeun Masalah Perkawinan
”Mimiti nikah, kuring ngarasa Kang Dumas, pun lanceuk, teu maliré ka kuring,” ceuk Sumiatun. ”Ku lantaran kuciwa, kuring remen sesentak, malédogan, nepi ka neunggeulan anjeunna. Bakat ku jéngkél-jéngkélna, kuring sakapeung mah sok nepi ka kapaéhan.
”Waktu Kang Dumas mimiti diajar Kitab Suci, kuring sok ngécé. Tapi, bari susulumputan di kamar sabeulah, kuring ngadéngékeun, hayang nyaho pun lanceuk keur diajar naon. Hiji poé, kuring ngadéngé sababaraha ayat dibaca, anu unina, ’Pamajikan kudu tunduk ka salaki cara ka Kristus . . . Unggal pamajikan kudu hormat ka salaki.’ (Epesus 5:22, 33) Éta ayat ngeuna kana haté. Kuring nyuhunkeun pangampura ti Allah, lantaran geus ngarendahkeun pun lanceuk, sarta ngadoa nyuhunkeun pitulung-Na sangkan jadi pamajikan anu leuwih hadé. Saterusna, kuring jeung Kang Dumas babarengan diajar Kitab Suci.”
Kitab Suci ogé mépélingan, ”Salaki teh kudu nyaah ka pamajikan, kawas nyaah ka dirina keneh.” (Epesus 5:28) Sumiatun nyarita, ”Pangajaran ieu mangaruhan kuring duaan. Mimitina kuring nyadiakeun cai entéh waktu Kang Dumas balik gawé sarta ngomongna téh leuleuy ka anjeunna. Kang Dumas ogé kitu, leuwih némbongkeun kanyaahna sarta ngabantu kuring dina migawé pagawéan rumah tangga. Kuring duaan ngupayakeun sangkan ’saréh, alus budi, jeung silih hampura’. (Epesus 4:32) Hasilna, kuring leuwih nyaah sarta hormat ka Kang Dumas, kitu ogé sabalikna. Ayeuna, kuring geus 40 taun ngarasakeun perkawinan anu bagja. Naséhat nu wijaksana tina Firman Allah nyalametkeun perkawinan kuring!”
Ngadalikeun Amarah
”Kuring téh jelema barangasan”, ceuk Tayib. ”Kuring tukang gelut ogé resep ngancem batur maké péstol. Lamun keur ambek, kuring osok neunggeulan nepi ka ngabeubeutkeun pun bojo, Kustriyah. Jalma-jalma sarieuneun ka kuring.
”Hiji poé, kuring maca cariosan nabi Isa, ’Maraneh ku Kami dibere hiji parentah anyar, nya eta: Masing silih pikanyaah. Sakumaha Kami mikanyaah ka maraneh.’ (Yohanes 13:34) Asa kageuing ieu haté, kuring hayang barobah. Lamun haté keur pinuh ku napsu, kuring ngadoa ka Allah nyuhunkeun pitulung sangkan tetep kalem. Geus kitu mah haté jadi tengtrem. Kuring jeung pun bojo ngalarapkeun naséhat di Epesus 4:26, 27, ’Ari ambek ulah nepi ka sapoe jeput teu eureun-eureun. Ulah mere kasempetan ka Iblis.’ Kuring duaan maca Kitab Suci sarta ngadoa babarengan unggal peuting. Éta téh nengtremkeun haté sarta ngaraketkeun kuring duaan.
”Ayeuna, kuring katelah jalma nu sabar. Pun bojo jeung barudak nyaah sarta hormat ka kuring. Kuring boga loba babaturan, sarta ngarasa raket sareng Allah. Kuring bagja pisan.”
Ngeureunan Kabiasaan Nyandu Narkoba
”Baheula kuring ngagabung jeung géng préman, nyandu kana udud, jeung remen ngagolér di jalan sapeupeuting lantaran mabok,” ceuk Goin. ”Kuring ogé maké jeung ngajual narkoba, saperti ganja ogé ékstasi, nu disumputkeun dina jero rompi antipeluru. Sanajan katingalina wanian, kuring diganggayong ku kasieun.
”Ka dieunakeun, aya anu nunjukkeun ayat ieu ka kuring, ’Anaking, ulah poho ka papatah Bapa . . . Sabab eta teh matak hade untung sarta panjang umur.’ (Siloka 3:1, 2) Kuring hayang panjang umur sarta hirup tengtrem! Kuring ogé maca, ’Dulur-dulur! Eta jangji-jangji teh kabeh ditujukeunana ka urang. Ku sabab kitu urang kudu miceun sagala rereged lahir batin, hirup kudu beresih jeung kudu ajrih ka Allah.’ (2 Korinta 7:1) Jadi, kuring ngeureunan nyandu, kaluar ti géng, tuluy ngawula ka Allah.
”Ayeuna geus 17 taun kuring bébas ti narkoba. Kuring jagjag, kulawarga kuring bagja, boga babaturan anu balageur, tur ati sanubari nu bersih. Sabalikna ti ngagolér di jalan bari mabok, kuring saré tibra di imah unggal peuting.”
Nyingkahkeun Goréng Sangka ka nu Béda Sélér Bangsa
”Waktu rumaja kénéh kuring geus nyieun kajahatan,” ceuk Bambang, ”korbanna téh lolobana ti sélér bangsa nu dipikangéwa ku kuring.
”Tapi, ka dieunakeun, kuring hayang ngaraket ka Allah. Kuring panggih jeung kelompok nu sok ngumpul pikeun diajar Kitab Suci. Di dinya, kuring dibagéakeun pisan ku jalma-jalma ti sélér bangsa nu dipikangéwa ku kuring! Kuring ogé ningal di kelompok éta, jalma-jalma ti rupa-rupa sélér bangsa campur gaul tur bagja. Matak pihéraneun kuring! Ka dieunakeun, kuring nyaho aya ayat nu unina, ’Mungguh di Allah mah jalmi teh sami. Bangsa naon oge upami ngabakti ka Mantenna sareng hade kalakuanana mah tangtos ku Mantenna diangken.’—Rasul 10:34-35.
”Haté kuring ayeuna henteu deui dipinuhan ku goréng sangka ka batur nu béda sélér bangsa. Sababaraha sobat kuring asalna ti sélér bangsa nu tadina dipikangéwa ku kuring. Ku jalan Kitab Suci, Allah ngajar kuring carana némbongkeun kaasih.”
Nyingkahan Katelengesan
”Waktu masih rumaja kénéh, kuring geus tilu kali dibui, dua kali lantaran maok sarta nu sakali lantaran sakitu bengisna nubles jelema,” ceuk Garoga, ”Terus kuring ngagabung jeung kelompok nu barontak ka pamaréntah sarta maéhan loba jalma. Sanggeus pacogrégan réngsé, kuring jadi pamingpin géng préman nu sok meres. Rék indit ka mana waé, aya jéger nu ngawal. Kuring jelema nu telenges sarta pikasieuneun batur.
1 Korinta 13:4, 5) Éta ayat nyentug kana haté. Kuring pindah ka daérah anyar, diajar Kitab Suci, sarta ngalarapkeun naséhatna dina kahirupan kuring.
”Hiji poé, kuring maca ayat ieu, ’Sipatna kanyaah teh sabar jeung alus budi. Teu sirikan, teu gumede, teu takabur. Sipatna kanyaah teh tara goreng tata, tara mentingkeun maneh, tara ngajengkelkeun batur, tara ngunek-ngunek ku kasalahan batur.’ (”Ayeuna kuring lain jelema nu telenges. Sabalikna, jalma-jalma ngajénan kuring sabagé guru Firman Allah. Kahirupan kuring boga tujuan sarta nyugemakeun.”
Firman Allah Boga Kawasa
Pangalaman-pangalaman ieu sarta loba pangalaman séjénna ngabuktikeun yén ”pangandika Allah teh nya hirup, nya kuat”. (Ibrani 4:12) Naséhatna saderhana, gampang dilarapkeun, sarta ngajurung kana kahadéan.
Naha Kitab Suci tiasa ngabantu Sadérék ogé? Geus tangtu, teu sual masalah naon nu nuju dipayunan ku Sadérék. ”Eusi Kitab Suci, sagemblengna wahyu ti Allah, sarta mangpa’at pikeun ngawurukkeun kayaktian, pikeun ngaweweleh anu salah, pikeun ngomean kasalahan, jeung pikeun nungtun kana hirup bener, supaya jelema anu ngabdi ka Allah lengkep sampurna kanyahona kana sagala rupa lampah nu hade.”—2 Timoteus 3:16, 17.
Ku kituna, mangga urang perhatoskeun sababaraha pangajaran dasar nu aya dina Kitab Suci.