Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAGIAN 10

Ngungkab Musuh Iman

Ngungkab Musuh Iman

LAMI sateuacan Allah midamel bumi, Allah nyiptakeun malaikat di sawarga. Tapi, ka dieunakeun aya hiji malaikat nu hayang disembah, padahal saenyana mah mung Allah nu kedah disembah. Ku lantaran ngalaksanakeun kahayangna, manéhna ngajadikeun dirina Sétan, nu hartina ”Nu Ngalawan”, nyaéta pribadi nu ngalawan Allah. Kumaha Sétan ngalawan Allah?

Sétan ngagunakeun oray pikeun nyasabkeun Hawa

Sétan nipu Hawa sangkan teu taat ka Allah. Ku licikna, manéhna nuduh yén Allah téh nahan hal nu hadé waktu nyaram Hawa ngadahar buah tina hiji tangkal. Manéhna teu éra-éra deui nyebut Allah tukang bohong sarta mangaruhan Hawa pikeun nolak bingbingan Allah, ceuk manéhna, ”Allah sasauran kitu teh pedah uninga, yen upama aranjeun ngadahar eta buah kapinteran, aranjeun bakal mapakan Mantenna, bisa terang kana hade jeung goreng.” (Kajadian 3:5) Hawa percaya kana kabohongan Sétan. Manéhna ngalanggar hukum Allah sarta mangaruhan Adam pikeun migawé nu sarua. Ti saprak éta, Sétan jadi musuh unggal jalma nu miboga iman nu sajati. Sarta, manéhna terus nipu jalma-jalma nepi ka ayeuna. Kumaha carana?

Iman nu Ruksak Sumebar

Sétan ngagunakeun ibadah ka brahala jeung tradisi manusa pikeun nyasabkeun jalma-jalma

Sétan ngagunakeun ibadah ka brahala sarta tradisi manusa pikeun ngaruksak turunan Israil. Isa, Sang Mésias, nyarios ka para pamingpin agama maranéhna yén lantaran ngajarkeun ”aturan beunang manusa”, ibadah maranéhna teu aya gunana. (Mateus 15:9) Waktu éta bangsa nolak Sang Mésias, Allah ogé nolak maranéhna. Nabi Isa nyarios ka maranéhna, ”Hak aranjeun kana Karajaan Sawarga bakal dicabut, dibikeun ka bangsa sejen anu daraekeun ngajalankeun pangersa Allah.” (Mateus 21:43) Saterusna, para panganut nabi Isa jadi umat nu dipirido ku Allah.

Sétan ogé ngaruksak para panganut nabi Isa. Naha manéhna hasil? Dina hiji ibarat, Isa nganubuatkeun naon nu bakal kajadian. Dina ibarat éta, aya hiji jalma nu nyebarkeun binih gandum nu hadé dina ladangna. Ka dieunakeun, aya musuh nu nyebarkeun binih eurih di antara gandum. Duanana diantepkeun nepi ka usum panén. Terus, eurih dipisahkeun ti gandum sarta dibeuleum. Tapi, gandum mah dikumpulkeun ka jero leuit.

Isa ngajelaskeun harti éta ibarat ka murid-muridna. Jalma nu nyebarkeun binih nyaéta Isa. ”Nu disebut binih nu hade teh, nya eta paraahli waris Karajaan; ari nu diupamakeun eurih, nya eta jelema-jelema murid si jahat. Anu disebut musuh teh, nya eta Iblis. Usum panen ngagambarkeun ahir jaman; ari nu darerepna, nya eta paramalaikat.” (Mateus 13:38, 39, Sunda Formal) Isa ngaibaratkeun murid-muridna nu sajati saperti gandum. Tapi, Sétan nyebarkeun murid-murid palsu, nu saperti eurih, di antara murid-murid Isa nu sajati. Jadi, saperti nu dinubuatkeun ku Isa, dina abad-abad sanggeus anjeunna pupus, murid-murid palsu maruncul. Maranéhna nyebarkeun pangajaran nu kaliru, saperti pangajaran Tritunggal nu ngajarkeun aya tilu pribadi dina hiji Allah. Murid-murid palsu ogé nyembah brahala sarta ulubiung dina pulitik. Mung saeutik nu nyekel pangajaran nabi Isa.

Iman nu Sajati Tetep Aya

Tapi, saperti nu dijelaskeun ku nabi Isa, tungtungna mah bakal aya parobahan. Para malaikat Allah bakal misahkeun jalma-jalma nu teu boga iman nu sajati pikeun dibinasakeun. Jadi, jalma-jalma nu boga iman nu sajati bakal écés katingali. Ahirna, Sétan si Iblis, musuh utama iman, ogé bakal dibinasakeun. Iman nu sajati bakal unggul!

Nanging, kumaha Sadérék tiasa terang ka jalma-jalma nu gaduh iman nu sajati kiwari? Urang bakal medar jawaban tina ieu patarosan dina pasal salajengna.

Para malaikat Allah néangan jalma-jalma nu hayang miboga iman nu sajati