BAGIAN 8
Sang Mésias Datang
LEUWIH ti 500 taun sanggeus Daniél méré nubuat, malaikat Allah, Jabrail, ngadatangan hiji parawan turunan Raja Daud nu ngaranna Mariam. ”Salam rahayu! Pangeran nyarengan ka Nyai sarta pohara ngaberkahana-Na,” saur Jabrail ka anjeunna. (Lukas 1:28) Tapi, Mariam sieuneun. Naon harti salam Jabrail pikeun Mariam?
Jabrail ngajelaskeun, ”Ulah sieun, Mariam! Nyai kenging kurnia ti Allah. Nyai bakal ngandeg, bakal puputra anu ku Nyai kudu dijenenganan [Isa].” ”Ku Allah Pangeran bakal didamel raja sakumaha Daud karuhun-Na . . . sarta karajaana-Na moal aya anggeusna.” (Lukas 1:30-33) Warta nu kacida ngabungahkeunana! Mariam bakal ngababarkeun Mésias, ”turunan” nu geus lila diarep-arep!
Taun hareupna, Isa dibabarkeun di Bétléhém. Peuting éta, hiji malaikat méré nyaho ka para pangangon nu aya di daérah éta, ”Ulah sarieun! Kami mawa warta hade, pikabungaheun sakabeh jelema. Sabab poe ieu Jurusalamet maraneh, nya eta Gusti Kristus, geus medal di kota Daud.” (Lukas 2:10, 11) Ka dieunakeun, kulawarga Isa pindah ka Nasarét, tempat Isa diageungkeun.
Taun 29 M, taun nu diarep-arep yén Mésias bakal datang, Isa ngawitan ngawula sabagé nabi Allah, waktu yuswa anjeunna ”kira-kira geus tilu puluh taun”. (Lukas 3:23) Ka dieunakeun, loba jalma sadar yén anjeunna téh diutus ku Allah. Ceuk maranéhna, ”Nabi agung sumping ka urang!” (Lukas 7:16, 17) Naon nu diajarkeun ku nabi Isa?
Nabi Isa ngajar jalma-jalma pikeun mikaasih sarta ibadah ka Allah: Anjeunna ngajelaskeun, ”Pangeran Allah urang teh Pangeran anu tunggal. Masing nyaah ka Pangeran Allah maraneh, terus jeung hate, terus jeung nyawa, terus jeung budi akal, sarta sing sakuat-kuat.” (Markus 12:29, 30) Anjeunna ogé ngajarkeun, ”Maneh kudu nyembah ka Pangeran Allah maneh sarta kudu ngabakti ngan ka Mantenna!”—Lukas 4:8.
Nabi Isa ngajurung jalma-jalma pikeun silih pikanyaah: ”Kudu nyaah ka batur kawas ka diri sorangan,” saur anjeunna. (Markus 12:31) Anjeunna ogé nyarios, ”Jieun kahadean ka batur, sakumaha maraneh oge hayang meunang kahadean ti batur. Kitu maksudna Hukum Musa jeung piwuruk nabi-nabi teh.”—Mateus 7:12.
Nabi Isa sumanget dina masihan terang jalma-jalma ngeunaan Karajaan Allah: ”Kota-kota sejen oge kudu diteang, perlu diwuruk hal Injil Kasalametan ngeunaan Karajaan Allah. Kami diutus ku Allah pikeun kaperluan eta,” saurna. (Lukas 4:43) Naon sababna Karajaan Allah téh sakitu pentingna?
Kitab Suci ngajarkeun yén Karajaan Allah téh nyaéta pamaréntahan di sawarga nu bakal maréntah bumi. Isa, Sang Mésias téh Raja nu dilantik ku Allah. Kitab Suci nyarioskeun yén ’kakawasaan di sawarga jeung di bumi, sagemblengna geus diserenkeun ka anjeunna’. (Mateus 28:18) Éta Karajaan bakal ngarobah bumi jadi Pirdus sarta masihan berkah kahirupan langgeng ka hamba-hamba Allah.
a Di jaman para nabi, jalma nu dilantik pikeun ngalaksanakeun tugas husus, dilisahan mastakana.