Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAGIAN 6

Naon Tujuan Allah Nyiptakeun Bumi?

Naon Tujuan Allah Nyiptakeun Bumi?

ALLAH nyiptakeun bumi pikeun jadi pamatuhan nu sampurna kanggé manusa. Firman-Na nyarioskeun, ”Langit keur PANGERAN nyalira, tapi bumi mah ku Mantenna diserenkeun ka manusa.”​—Jabur 115:16.

Sateuacanna Allah nyiptakeun manusa nu mimiti, Adam, Mantenna milih hiji daérah leutik di bumi nu disebut Éden, sarta dijieun hiji taman nu éndah. Kitab Suci nyarioskeun yén walungan Éprat jeung walungan Tigris sumberna di Éden. a Lokasi taman Éden kira-kira di beulah wétaneun Turki. Saenyana, taman Éden aya di bumi!

Allah nyiptakeun Adam sarta nempatkeun manéhna di taman Éden ”sina ngurus jeung ngajaga”. (Kajadian 2:15) Terus, Allah nyiptakeun hiji pamajikan keur Adam, nyaéta Hawa. Allah maparin paréntah ka maranéhna, ”Masing loba anak, turunan maraneh sing nepi ka minuhan ieu bumi sarta murba ka eta.” (Kajadian 1:28) Jadi, ”Mantenna ngadegkeun bumi . . . lain sangkan terus suwung, tapi supaya dicicingan ku manusa.”​—Yesaya 45:18.

Nanging, Adam jeung Hawa barontak ngalawan ka Allah, ngahaja ngalanggar hukum-Na. Ku kituna, Allah ngusir maranéhna sina kaluar ti taman Éden. Pirdus teu aya deui. Sarta teu ngan sakitu karuksakan nu dibalukarkeun ku dosa Adam. Kitab Suci masihan terang ka urang, ”Dosa asup ka dunya ku lantaran jelema saurang. Eta dosa mawa maot. Balukarna, maot teh sumebar sarta tumerap ka sakumna manusa, sabab sakabeh manusa geus keuna ku dosa.”​—Rum 5:12.

Naha Yéhuwa bakal teras ngalaksanakeun tujuanana nu ngawitan nyaéta ngawujudkeun bumi janten pirdus pikeun pamatuhan manusa nu bagja? Tangtu! Allah nyarios, ”Nya kitu pangandika anu kaluar ti Kami, moal gagal mawa tujuan pangersa Kami. Sagala pangersa Kami, ku eta tangtu dilaksanakeun.” (Yesaya 55:11) Pirdus bakal dipulihkeun deui di bumi.

Kahirupan di Pirdus téh bakal siga kumaha? Mangga perhatikeun jangji-jangji dina Kitab Suci nu dijéntrékeun dina dua kaca ieu.

a Kajadian 2:10-14 nyarioskeun, ”Eta taman meunang cai ti hiji walungan anu aya di tanah Eden. Ti beh girangna eta walungan nyagak opat. Nu kahiji ngaranna Walungan Pison . . . Nu kadua ngaranna Walungan Gihon . . . Nu katilu ngaranna Walungan Tigris, ngocorna ka tanah wetaneun tanah Asur. Nu kaopat ngaranna Walungan Eprat.” Ngaran sarta lokasi dua walungan nu mimiti, geus teu kanyahoan deui ayeuna.