Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 10

Modulasi

Modulasi

Yeheskel 9:1

RINGKESAN: Sadérék bisa nepikeun bahan kalawan jelas jeung bisa ngageuing parasaan batur ku cara ngarobah tarikna sora, nada, jeung gancangna ucapan Sadérék.

CARANA:

  • Atur tarik henteuna sora Sadérék. Sadérék bisa ngomong rada tarik lamun rék nandeskeun topik utama atawa rék ngajurung batur nyieun tindakan, kitu ogé lamun keur maca ayat ngeunaan hukuman. Sadérék bisa ngomong rada laun lamun rék ngageuing rasa panasaran, atawa rék ngungkabkeun kasieun atawa kahariwangan.

  • Atur nada sora Sadérék. Taékkeun nada sora lamun rék némbongkeun parasaan sumanget atawa rék nyebutkeun ukuran atawa jarak. Turunkeun nada sora Sadérék lamun rék némbongkeun parasaan sedih atawa hariwang.

  • Atur gancang henteuna ucapan Sadérék. Sadérék bisa ngomong rada gancang lamun rék némbongkeun rasa gumbira. Sadérék bisa ngomong lalaunan lamun rék nepikeun hal-hal nu penting.