PALAJARAN 15
Nepikeun Bahan kalawan Yakin
1 Tesalonika 1:5
RINGKESAN: Témbongkeun kayakinan yén nu diomongkeun ku Sadérék téh bener jeung penting.
CARANA:
-
Siapkeun sing taliti. Pék talungtik bahanna nepi ka Sadérék paham naon topik utamana jeung kumaha Alkitab ngabuktikeun hal éta. Tepikeun topik-topik utamana ku kekecapan nu saderhana. Pikirkeun naon mangpaatna keur batur. Pék ngadoa ménta roh suci.
-
Tunjukkeun kayakinan dina kekecapan Sadérék. Ti batan saukur maca tulisan dina bahan, pék tepikeun ku kekecapan sorangan. Pilih kekecapan nu némbongkeun yén Sadérék yakin kana bahan nu ditepikeun.
-
Tunjukkeun kayakinan dina sikep Sadérék. Ngomongna ulah laun atawa tarik teuing. Lamun teu matak kasinggung, Sadérék bisa paadu teuteup jeung batur.