PALAJARAN 3
Ngagunakeun Pananya
Mateus 16:13-16
RINGKESAN: Béré pananya nu sopan pikeun ngageuing jeung ngajaga minat batur, ngajak batur mikir, jeung nandeskeun hal-hal nu penting.
CARANA:
-
Geuing jeung jaga minat batur. Béré pananya nu ngageuing pikiran batur supaya maranéhna hayang nyaho leuwih loba.
-
Ajak batur mikir. Béré runtuyan pananya supaya batur paham yén nu ditepikeun ku Sadérék téh asup akal. Ku kituna, maranéhna bisa nyieun kasimpulan nu bener.
-
Tandeskeun hal-hal nu penting. Sadérék bisa méré pananya supaya batur nyaho hal-hal penting nu rék dibahas. Sanggeus hal-hal penting tadi dibahas atawa waktu rék nutup hutbah, Sadérék bisa méré pananya pikeun malikan.