Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 4

Panganteur Saacan Maca Ayat

Panganteur Saacan Maca Ayat

Mateus 22:41-45

RINGKESAN: Siapkeun pikiran batur saacan maca ayat

CARANA:

  • Pikirkeun alesanana Sadérék rék macakeun ayat éta. Panganteur Sadérék kudu ngabantu batur pikeun merhatikeun hal-hal penting nu rék ditandeskeun dina ayat éta.

  • Tandeskeun yén Alkitab téh firman ti Allah. Waktu ngomong jeung jalma-jalma nu percaya ka Allah, sebutkeun yén Alkitab téh Firman Allah, ku kituna Sadérék némbongkeun yén pangajaran Sadérék téh sumberna ti Allah.

  • Bantu hadirin supaya boga minat kana ayat éta. Béré pananya nu jawabanana aya dina ayat, caritakeun hiji masalah nu cara ngaréngsékeunana aya dina ayat, atawa sebutkeun hiji prinsip nu aya patalina jeung kisah Alkitab.