Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 5

Maca kalawan Taliti

Maca kalawan Taliti

1 Timoteus 4:13

RINGKESAN: Baca ku sora nu tarik percis sakumaha nu ditulis.

CARANA:

  • Siapkeun bener-bener. Pikirkeun ku naon bahan éta ditulis. Pék latihan maca kelompok-kelompok kecap, lain maca sakecap-sakecap. Ati-ati ulah aya kecap nu ditambahkeun, kaliwat, atawa diganti. Tuturkeun sakabéh tanda bacana.

  • Ucapkeun unggal kecap sing bener. Lamun Sadérék teu nyaho cara ngucapkeun hiji kecap, pék tingali kamus, déngékeun rekaman audio publikasi, atawa tanyakeun ka batur nu macana alus.

  • Ngomongna sing béntés. Ulah gurunggusuh ngucapkeunana. Ulah tungkul jeung bahamna dibuka. Upayakeun pikeun ngucapkeun unggal engang.