Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 8

Ngajar Maké Ibarat

Ngajar Maké Ibarat

Mateus 13:34, 35

RINGKESAN: Cara ngajar Sadérék bisa leuwih hadé lamun maké ibarat atawa misil nu saderhana tapi cocog sarta bisa ngajarkeun hal nu penting.

CARANA:

  • Pilih ibarat nu saderhana. Saperti Yésus, gunakeun hal nu leutik pikeun ngajelaskeun hal nu gedé, jeung hal nu gampang pikeun ngajelaskeun hal nu hésé. Ulah nambahan rincian nu teu perlu nepi ka ibaratna jadi ruwed. Pastikeun yén hal-hal nu aya dina ibarat Sadérék bener-bener cocog jeung bahasan Sadérék. Ku kituna, batur moal bingung lantaran aya hal-hal nu teu nyambung.

  • Pikirkeun ibarat nu cocog keur batur. Pilih ibarat nu aya patalina jeung kagiatan sarta minat batur. Sing ati-ati, ibaratna ulah nepi ka nyababkeun maranéhna jadi éra atawa kasinggung.

  • Jelaskeun topik utamana. Gunakeun ibarat pikeun ngajelaskeun topik-topik utama, lain rincian nu leutik. Pastikeun yén batur teu saukur inget kana ibaratna tapi ogé kana palajaranana.