Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Matius Pasal 5-7

Matius Pasal 5-7

5 Basa ningali loba jalma, manéhna naék ka gunung, geus kitu diuk, jeung murid-muridna nyalampeurkeun. 2 Tuluy manéhna ngajar,

3 ”Bagja jalma-jalma nu ngarasa perlu dibingbing ku Allah, sabab Pamaréntahan sorga téh eukeur maranéhna.

4 ”Bagja jalma-jalma nu keur sedih, sabab bakal diupahan.

5 ”Bagja jalma-jalma nu lemah lembut, sabab bakal ngawaris bumi.

6 ”Bagja jalma-jalma nu hayang pisan ngalampahkeun nu bener, sabab kahayang éta bakal kacumponan.

7 ”Bagja jalma-jalma nu karunyaan, sabab bakal dipikarunya.

8 ”Bagja jalma-jalma nu haténa bersih, sabab bakal ningali Allah.

9 ”Bagja jalma-jalma nu ngupayakeun karukunan, a sabab ku Allah bakal diaku putra.

10 ”Bagja jalma-jalma anu dikaniaya lantaran ngalampahkeun hal-hal nu bener, sabab Pamaréntahan sorga téh eukeur maranéhna.

11 ”Bagja maranéh lamun maranéh dipoyokan, dikaniaya, jeung digogoréng lantaran jadi murid urang. 12 Sing atoh, sing bungah, sabab ganjaran maranéh gedé di sorga. Nabi-nabi saacan maranéh gé dikaniaya siga kitu.

13 ”Di dunya, maranéh téh siga uyah. Lamun uyahna geus teu asin deui, rék dikumahakeun? Éta moal bisa dipaké deui, paling gé dipiceun ka jalan, ditincakan ku jelema.

14 ”Di dunya, maranéh téh siga caang. Kota nu aya di luhur gunung pasti katempo. 15 Moal aya jelema nu nyeungeut lampu tuluy dituruban ku karanjang, nu aya mah diteundeunna di tempat nu luhur ngarah bisa nyaangan kabéh nu aya di imah. 16 Kitu ogé, pencarkeun caang maranéh ka jalma-jalma supaya maranéhna bisa ningali kalakuan maranéh anu hadé. Ku kituna, Bapa maranéh nu aya di sorga bakal dimulyakeun.

17 ”Ulah mikir urang datang téh rék mupus Torét atawa Kitab Para Nabi. Urang datang téh lain rék mupus, justru rék ngalaksanakeun éta. 18 Sing percaya, satungtung langit jeung bumi aya kénéh, moal aya hiji hurup pangleutikna atawa hiji titik nu leungit tina Torét nepi ka sakabéh eusina laksana. 19 Jadi, saha waé nu ngalanggar salah sahiji paréntah dina Torét, najan nu sapira, jeung ngajar batur ngalampahkeun nu sarua, manéhna bakal jadi nu pangrendahna dina Pamaréntahan sorga. Sabalikna, saha waé nu ngajalankeunana jeung ngajarkeunana ka batur bakal dianggap penting dina Pamaréntahan sorga. 20 Nu matak urang ngabéjaan, lamun hirup maranéh teu leuwih bener tibatan ahli Torét jeung urang Farisi, maranéh teu meunang asup ka Pamaréntahan sorga.

  21 ”Maranéh geus ngadéngé karuhun-karuhun maranéh dibéjaan, ’Ulah maéhan, anu maéhan bakal dibawa ka pangadilan.’ 22 Tapi, ceuk urang mah saha nu terus ambek ka dulurna bakal dibawa ka pangadilan, jeung saha nu nyebut dulurna ku sebutan anu ngahina bakal dibawa ka Mahkamah Agung. Tapi saha nu ngomong ka dulurna, ’Dasar belegug siah!’ bakal dialungkeun ka Géhéna b nu seuneuna ngagedur.

23 ”Jadi, lamun manéh mawa kurban ka mézbah, tuluy inget aya dulur manéh nu nyeri haté ka manéh, 24 tunda heula éta kurban di hareupeun mézbah. Geuwat indit, téangan heula dulur manéh tuluy ménta hampura, geus kitu kakara neruskeun ngurban.

25 ”Lamun aya nu rék merkarakeun manéh, béréskeun masalahna saacan manéh dibawa ka pangadilan. Sabab lamun geus di pangadilan mah, manéh bakal diserahkeun ka hakim, tuluy hakim bakal nyerahkeun manéh ka para patugas ngarah manéh dipanjarakeun. 26 Nu pasti, manéh moal bisa kaluar ti panjara kajaba manéh ngalunasan sakabéh hutang nepi ka nu kencring-kencringna.

27 ”Maranéh geus ngadéngé, ’Ulah jinah.’ 28 Tapi ceuk urang mah, saha waé nu melong ka awéwé nepi ka napsu, manéhna geus jinah jeung éta awéwé dina haténa. 29 Jadi, lamun panon katuhu manéh matak pidosaeun, mending cokél, tuluy piceun. Leuwih hadé leungit hiji panon tibatan saawak-awak dialungkeun ka Géhéna. c 30 Terus, lamun leungeun katuhu manéh matak pidosaeun, mending teukteuk, tuluy piceun. Leuwih hadé buntung sabeulah tibatan saawak-awak dialungkeun ka Géhéna. d

31 ”Salian ti éta, disebutkeun ogé, ’Lamun aya nu rék megatkeun pamajikan, manéhna kudu méré surat talak.’ 32 Tapi urang ngabéjaan, lamun aya nu megatkeun pamajikan, tapi lain disababkeun ku lampah cabul, e manéhna ngajurung éta awéwé ngalampahkeun jinah. Lamun éta awéwé kawin deui, lalaki nu ngawinna gé milu jinah.

33 ”Maranéh gé geus ngadéngé karuhun-karuhun maranéh dibéjaan, ’Ulah nyieun sumpah bari teu dilaksanakeun. Lamun maranéh geus ikrar ka Yéhuwa, éta kudu dilaksanakeun.’ 34 Tapi urang ngabéjaan: Ulah ngucap sumpah. Ulah sumpah demi sorga lantaran sorga téh tahtana Allah. 35 Ulah sumpah demi bumi lantaran bumi téh tatapakan sukuna Allah. Ulah sumpah ogé demi Yérusalém lantaran éta téh kotana Raja nu agung. 36 Ulah sumpah demi sirah manéh sabab manéh teu bisa ngarobah buuk manéh jadi hideung atawa bodas salambar-lambar acan. 37 Jadi lamun manéh ngomong ’Enya’ kudu enya, lamun ’Henteu’ kudu henteu. Leuwih ti éta mah asalna ti si jahat. f

38 ”Maranéh geus ngadéngé, ’Panon bayar panon, huntu bayar huntu.’ 39 Tapi urang ngabéjaan: Lamun aya nu jahat ka maranéh, teu kudu dilawan. Malah lamun aya nu nampiling pipi katuhu, bikeun ogé nu kéncana. 40 Lamun aya nu ngadukeun maranéh ka pangadilan rék ngarebut baju maranéh, bikeun ogé baju luarna. 41 Lamun aya pangawasa nu nitah indit sakilométer, pék indit jeung manéhna dua kilométer. 42 Lamun aya nu ménta barang maranéh, sok bikeun. Lamun aya nu rék nginjeum, g injeumkeun.

43 ”Maranéh geus ngadéngé, ’Manéh kudu nyaah ka sasama, kudu ngéwa ka musuh.’ 44 Tapi urang ngabéjaan: Terus pikanyaah musuh-musuh maranéh, jeung doakeun nu nganiaya maranéh. 45 Éta bukti maranéh téh putra-putra Allah. Anjeunna gé méré hujan jeung panonpoé boh ka nu jahat boh ka nu bageur, boh ka nu bener boh ka nu teu bener. 46 Lamun maranéh ngan nyaah ka nu mikanyaah maranéh, naon ganjaranana? Tukang mulung pajeg gé sarua kawas kitu, pan? 47 Lamun maranéh ngucapkeun salam ngan ka dulur maranéh hungkul, naon hébatna? Jalma-jalma ti bangsa séjén gé sarua kawas kitu, pan? 48 Maranéh kudu sampurna, h siga Bapa maranéh nu di sorga ogé sampurna.

6 ”Kadé, ulah ngalampahkeun nu bener ngarah katempo ku batur. Mun kitu, maranéh moal meunang ganjaran ti Bapa nu di sorga. 2 Waktu méré sidekah, ulah sok diuar-uar siga jalma-jalma nu munapék. Maranéhna osok kitu di tempat-tempat ibadah jeung di jalan-jalan ngarah kapuji ku batur. Sing percaya, ngan éta ganjaran maranéhna. 3 Tapi waktu maranéh méré sidekah, leungeun kénca ulah nyaho naon nu dibikeun ku leungeun katuhu, 4 jadi sidekahna moal kanyahoan ku batur. Ku kituna, maranéh bakal dibéré ganjaran ku Bapa nu bisa ningali sagalana.

5 ”Salian ti éta, ari ngadoa ulah siga jalma-jalma munapék. Jalma-jalma nu siga kitu mah osok ngadoa bari nangtung di tempat ibadah jeung di péngkolan jalan gedé supaya katempo ku batur. Sing percaya, ngan éta ganjaran maranéhna. 6 Tapi, waktu maranéh ngadoa, pék asup ka kamar, tutup pantona, prak ngadoa ka Bapa nu di sorga. Ku kituna, maranéh bakal dibéré ganjaran ku Bapa nu bisa ningali sagalana. 7 Unggal ngadoa, ulah teterusan maké kekecapan nu sarua kawas jalma-jalma ti bangsa-bangsa séjén. Ceuk pamikirna mah doa nu panjang téh bakal didéngé. 8 Ulah siga maranéhna. Saacan dipénta gé Bapa maranéh geus nyaho naon nu dibutuhkeun ku maranéh.

9 ”Jadi kieu carana ngadoa,

”’Bapa nu di sorga, mugia nami Bapa disucikeun. i 10 Mugia Pamaréntahan Bapa geura ngawasa. Kahoyong Bapa mugia laksana di bumi saperti di sorga. 11 Abdi nyuhunkeun dipasihan tuangeun nu cukup keur poé ieu. 12 Hampura dosa abdi, sakumaha abdi gé geus ngahampura dosa batur. 13 Tulungan abdi supaya teu nyerah ka gogoda jeung leupaskeun abdi ti si jahat.’ j

14 ”Lamun maranéh ngahampura kasalahan batur, Bapa nu di sorga gé bakal ngahampura maranéh. 15 Tapi lamun maranéh henteu ngahampura kasalahan batur, Bapa nu di sorga gé moal ngahampura kasalahan maranéh.

16 ”Mun keur puasa, éta beungeut teu kudu disedih-sedih siga jalma nu munapék. Beungeut maranéhna téh dihaja sina caludih ngarah katempo keur puasa. Sing percaya, ngan éta ganjaran maranéhna. 17 Ari maranéh mah lamun keur puasa, pék buuk minyakan, heug sibeungeut, 18 supaya maranéh puasa téh teu katempo ku batur, tapi ngan katempo ku Bapa nu di sorga. Ku kituna, maranéh bakal dibéré ganjaran ku Bapa nu bisa ningali sagalana.

19 ”Ulah ngumpul-ngumpulkeun deui harta di dunya nu bisa dihakan ku ngenget, k bisa taihiangan, jeung bisa dipaok ku bangsat. 20 Tapi, kumpulkeun harta di sorga nu teu bisa dihakan ku ngenget, moal taihiangan, jeung moal dipaok ku bangsat. 21 Sabab di mana aya harta manéh, nya di dinya nyantélna haté manéh.

22 ”Panon téh lampuna awak. Lamun panon manéh ningali hal nu hadé hungkul, sakujur awak gé bakal cahayaan. 23 Tapi lamun panon manéh sirikan, l sakujur awak gé bakal poék. Lamun nu aya dina diri manéh téh poék, lainna caang, éta kacida pisan poékna.

24 ”Moal aya nu bisa jadi palayan keur dua dunungan, sabab manéhna bakal nyaah ka nu hiji jeung ngéwa ka nu séjén, atawa bakal satia ka nu hiji jeung teu satia ka nu séjén. Maranéh moal bisa jadi palayan Allah ongkoh, palayan Kabeungharan ongkoh.

25 ”Ku kituna urang ngabéjaan: Ulah hariwang deui kana kahirupan, mikiran rék dahar naon atawa rék nginum naon, atawa hariwang awak rék dibajuan naon. Kapan kahirupan téh leuwih penting tibatan dahareun, jeung awak téh leuwih penting tibatan baju. 26 Pék sidik-sidik manuk nu keur hiber. Manuk mah tara melak, tara ngala, tara ngumpulkeun dahareun ka lumbung, tapi tetep wéh diparaban ku Bapa maranéh di sorga. Komo deui maranéh, maranéh leuwih penting tibatan manuk, pan? 27 Mémangna mun maranéh hariwang, umur maranéh bisa manjangan saeutik, kitu? 28 Salian ti éta, ku naon maranéh bet hariwang kana papakéan? Tuh tingali kembang bakung nu jaradi di tegalan, maranéhna tara baranggawé, tara ngaput, 29 tapi urang ngabéjaan, Sulaéman nu kacida beungharna gé teu boga papakéan nu alus siga kitu. 30 Tah, lamun pepelakan nu ayeuna jadi tuluy isukna diduruk ogé dibéré papakéan nu alus ku Allah, komo deui maranéh. Ku naon nepi ka kurang percaya kitu? 31 Jadi, ulah nepi ka hariwang mikiran, ’Naon nu rék didahar?’, ’Naon nu rék diinum?’, atawa ’Naon nu rék dipaké?’ 32 Hal-hal ieu nu diudag-udag ku bangsa-bangsa séjén. Tapi, Bapa maranéh nu di sorga mah nyaho maranéh téh butuh ieu kabéh.

33 ”Ku kituna, utamakeun heula tunduk ka Pamaréntahan Allah jeung hal-hal nu bener dina pandangan Allah. Engké, sagala pangabutuh maranéh ku Allah dicumponan. 34 Jadi, ulah hariwang poé isukan rék kumaha. Pikiran mah poé ieu wéh, isukan mah isukan deui, da unggal poéna gé aya hariwangna.

7 ”Tong sok ngahakiman batur ngarah maranéh gé teu dihakiman, 2 sabab cara nu dipaké ku maranéh keur ngahakiman batur, bakal dipaké ogé keur ngahakiman maranéh, jeung takeran nu dipaké ku maranéh keur ngukur batur bakal dipaké ogé keur ngukur maranéh. 3 Jadi, ku naon manéh nilik-nilik jarami dina panon dulur, ari balok dina panon sorangan teu katempo? 4 Atawa, pantes teu manéh ngomong kieu ka dulur, ’Cik ka dieu, urang cokot éta jarami tina panon manéh,’ padahal dina panon sorangan aya balok? 5 Éh, jalma nu munapék! Piceun heula balok dina panon manéh kakara manéh bisa ningali jelas jarami nu rék dicokot tina panon dulur manéh.

6 ”Ulah mikeun barang suci ka anjing atawa mutiara ka babi, ngarah éta teu ditincakan tuluy satona malik ngarontok maranéh.

7 ”Tong eureun ménta, tangtu dibéré; tong eureun néangan, pasti kapanggih; tong eureun ngetrok, pasti pantona dibuka, 8 sabab saha waé anu ménta bakal dibéré, saha waé anu néangan bakal manggih, jeung saha waé anu ngetrok bakal dipangmukakeun. 9 Cik, aya kitu bapa nu téga méré batu ka budakna nu ménta roti? 10 Atawa mun budakna ménta lauk, piraku dibéré oray! 11 Jadi, lamun maranéh nu boga dosa waé gé nyaho méré nu hadé ka budak, komo deui Bapa nu di sorga! Anjeunna pasti méré hal-hal nu hadé ka jalma nu ménta.

12 ”Naon waé nu dipiharep ku maranéh ti batur, lampahkeun éta ogé ka batur. Éta nu diajarkeun ku Torét jeung Kitab Para Nabi.

13 ”Heug arasup ka gerbang nu sempit, sabab gerbang nu rubak jeung jalan nu lega mah brasna kana kabinasaan sarta loba nu arasup ka dinya. 14 Tapi, gerbang nu sempit jeung jalan nu heurin mah brasna kana kahirupan, ngan saeutik nu manggihanana.

15 ”Ati-ati ka nabi-nabi palsu nu api-apina domba padahal mah ajag nu hawek. 16 Maranéhna bisa kanyahoan tina buahna. a Euweuh nu ngala anggur tina rungkun cucuk atawa ngala buah ara tina jujukutan, pan? 17 Kitu ogé, tangkal nu alus tangtu buahna alus, tangkal nu goréng tangtu buahna gé goréng. 18 Teu mungkin atuh tangkal nu alus buahna goréng, atawa tangkal nu goréng buahna alus. 19 Kabéh tangkal nu buahna goréng bakal dituar tuluy diduruk. 20 Jadi, maranéhna bisa kaciri tina buahna.

21 ”Nu bakal asup ka Pamaréntahan sorga téh lain jalma nu nyebut urang, ’Juragan, Juragan,’ tapi ngan jalma nu ngalampahkeun kahayang Bapa nu di sorga. 22 Dina poé éta, loba nu ngomong, ’Juragan, Juragan, abdi pan geus ngaramal ku ngaran Juragan, geus ngusir roh jahat ku ngaran Juragan, geus nyieun mujijat ku ngaran Juragan ogé?’ 23 Tapi ku urang bakal dijawab, ’Urang teu wawuh ka maranéh! Nyaringkah siah, jelema-jelema doraka!’

24 ”Saha waé nu ngadéngé tuluy ngalampahkeun omongan urang, disaruakeun jeung jalma bijaksana nu ngabangun imahna di luhureun cadas. 25 Waktu breg hujan gedé, imahna kateumbrag ku caah jeung katebak ku angin puyuh, tapi tetep nagen da dibangunna di luhureun cadas. 26 Sabalikna, saha waé nu ngadéngé omongan urang tapi teu ngalampahkeunana disaruakeun jeung jalma bodo nu ngabangun imahna di luhureun keusik. 27 Waktu breg hujan gedé, imahna kateumbrag ku caah jeung katebak ku angin puyuh, tuluy runtuh, ruksak paburantak.”

28 Sanggeus Isa bérés ngomong, jalma-jalma tarajub kana cara manéhna ngajar 29 lantaran pangajaran manéhna asalna ti Allah, teu siga ahli-ahli Torét.

a Atawa ”resep rukun”.

b Tempat ngaduruk runtah di luareun Yérusalém. Ngaran Yunanina Lebak Hinom nu aya di beulah kidul jeung kulon-kidul Yérusalém kuno. Euweuh bukti yén sasatoan atawa manusa dialungkeun ka Géhéna pikeun diduruk hirup-hirup atawa disiksa. Jadi, lebak ieu téh teu ngalambangkeun hiji tempat nu dipaké pikeun nyiksa jiwa manusa ku seuneu salilana. Sabalikna, Isa jeung murid-muridna ngagunakeun istilah ieu téh pikeun ngalambangkeun kabinasaan atawa kamusnaan salilana.

c Tingali catetan handap dina  5:22.

d Tingali catetan handap dina  5:22.

e Tina kecap Yunani pornéia. Istilah ieu biasana digunakeun dina Kitab Suci pikeun ngamaksudkeun tindakan-tindakan séksual nu dilarang ku Allah. Ieu kaasup jinah, palacuran, hubungan séks antara jalma-jalma nu can kawin, homoséksualitas, sarta hubungan séks jeung sato.

f Maksudna, Sétan.

g Maksudna, nginjeum teu maké bunga.

h Atawa ”lengkep”.

i Atawa ”dianggap suci”.

j Maksudna, Sétan.

k Serangga nu osok ngahakan kaén.

l Maksudna, ningali loba hal. As. ”jahat”.

a Atawa ”kalakuanana”.