Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 62

Karajaan nu Saperti Tangkal Gedé

Karajaan nu Saperti Tangkal Gedé

Hiji peuting, Nébukadnésar ngimpi nu pikasieuneun. Manéhna manggil para juru naséhat pikeun ngahartikeun impianana. Tapi, euweuh nu bisa. Ahirna, raja manggil Daniél.

Raja ngomong ka Daniél, ’Urang ngimpi, ningali hiji tangkal. Éta tangkal tumuwuh luhur pisan nepi ka langit, bisa ditingali ti sakuliah dunya. Daunna aréndah, buahna ogé loba. Sato-sato ngiuhan di handapeunana, manuk-manuk nyarayang dina dahan-dahanna. Terus, aya hiji malaikat turun ti langit. Ceuk malaikat, ”Pangkas éta tangkal, potong dahan-dahanna. Tapi, tunggul jeung akarna mah antepkeun, ulah dicabut. Talian ku ranté beusi jeung tambaga. Akal manusa dina éta tangkal bakal robah jadi adat sato salila tujuh taun. Kabéh jalma bakal nyaho, Allah téh Maha Agung jeung bisa masihan karajaan ka saha waé nu dipikahoyong-Na.”’

Yéhuwa méré nyaho harti éta impian ka Daniél. Daniél reuwas pas nyaho hartina. Ceuk Daniél, ’Nun Raja, abdi miharep éta impian téh keur musuh-musuh Juragan, tapi éta téh keur Juragan. Tangkal gedé nu dipangkas téh ngagambarkeun Juragan. Juragan bakal kaleungitan karajaan jeung bakal ngahakan jukut di tegal siga sato liar. Tapi, ku sabab malaikat ngomong tunggulna jeung akarna ulah dicabut, Juragan bakal jadi pangawasa deui.’

Sataun sanggeusna, Nébukadnésar leuleumpangan di loténg karaton bari ngagulkeun Babul. Manéhna ngomong, ’Tingali, kota nu diwangun ku urang téh mani hébat pisan! Urang téa!’ Can bérés manéhna ngomong, aya sora ti langit, ’Nébukadnésar! Ayeuna, ieu karajaan geus dicokot ti manéh!’

Ujug-ujug, Nébukadnésar leungit akal, jadi siga sato. Manéhna dipaksa kaluar ti karaton sarta hirup jeung sato liar di leuweung. Buukna mani manjangan kawas bulu heulang, kukuna kawas cakar manuk.

Sanggeus tujuh taun, Nébukadnésar waras deui. Yéhuwa ngajadikeun manéhna raja Babul deui. Nébukadnésar ngomong, ’Puji Yéhuwa, Raja di sawarga. Ayeuna, urang nyaho Yéhuwa téh Pangawasa. Mantenna ngarendahkeun jalma adigung jeung masihan karajaan ka saha waé nu dipikahoyong-Na.’

”Adigung temahna ancur, angkuh temahna rubuh.”​—Siloka 16:18