Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 60

Karajaan nu Moal Binasa

Karajaan nu Moal Binasa

Hiji peuting, Raja Nébukadnésar ngimpi anéh. Manéhna kapikireun terus, jadi teu bisa saré. Manéhna manggil para tukang ramal, terus nitah, ’Hartikeun impian urang.’ Ceuk maranéhna, ’Mangga Juragan caritakeun impianana.’ Tapi ceuk raja, ’Maranéh nu kudu carita! Mun henteu, urang paéhan.’ Ceuk maranéhna deui, ’Caritakeun heula impian Juragan, engké dihartikeun.’ Ceuk raja, ’Maranéh rék ngabobodo? Caritakeun impian urang!’ Maranéhna ngomong, ’Moal aya nu bisa kitu di dunya ieu. Nu dipénta ku Juragan téh mustahil.’

Nébukadnésar ambek pisan. Manéhna nitah kabéh tukang ramal jeung juru naséhat dipaéhan, kaasup Daniél, Sadrah, Mésah, jeung Abédnégo. Daniél ménta waktu ka raja. Terus, Daniél jeung babaturanana ngadoa ménta bantuan Yéhuwa. Naon tindakan Yéhuwa?

Dina titingalian, Yéhuwa nunjukkeun impian raja sarta hartina ka Daniél. Isukanana, Daniél ngomong ka palayan raja, ’Para ahli ulah dipaéhan. Urang bisa ngahartikeun impian raja.’ Jadi, Daniél dibawa ka raja. Daniél ngomong, ’Allah ningalikeun mangsa kahareup ka Juragan. Ieu impianana: Juragan ningali hiji patung raksasa. Sirahna tina emas, dada jeung leungeunna tina pérak. Cangkéng jeung bobokongna tina tambaga, pingpingna tina beusi, sukuna sawaréh tina beusi, sawaréh tina taneuh liket. Terus, aya batu nu dipotong tina hiji gunung, ngabelesat nubruk suku éta patung. Éta patung mani ancur nepi ka jadi bubuk, terus katiup angin. Batuna ngajadi gunung gedé sarta minuhan bumi.’

Terus Daniél ngomong, ’Ieu harti impianana: Sirah nu tina emas téh karajaan Juragan. Pérak téh hiji karajaan sanggeus Juragan. Terus bakal aya karajaan nu siga tambaga, ngawasaan sakuliah bumi. Sanggeusna, bakal aya karajaan nu kuat saperti beusi. Pandeuri, bakal aya karajaan nu kabagi. Éta karajaan sabagian kuat siga beusi, sabagian deui lemah siga taneuh. Batu nu ngajadi gunung téh Karajaan Allah. Ieu bakal ngancurkeun kabéh karajaan tadi. Karajaan Allah bakal langgeng.’

Brek Nébukadnésar sujud. Ceuk raja, ’Allah manéh geus nyingkabkeun impian ieu. Euweuh Allah nu saperti Mantenna.’ Raja teu jadi maéhan Daniél, malah ngangkat Daniél jadi kapala juru naséhat sarta pangawas di propinsi Babul. Hidep ningali, kumaha Yéhuwa ngajawab doa Daniél?

”Tilu roh tea ngerid raja-raja ka tempat anu dina basa Ibrani disebut Armagedon.”​—Wahyu 16:16