Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 77

Awéwé di Sisi Sumur

Awéwé di Sisi Sumur

Sanggeus Paska, Yésus jeung murid-muridna balik ka Galiléa liwat Samaria. Di deukeut kota Sikhar, Yésus istirahat di hiji tempat nu disebut sumur Yakub. Ari murid-muridna arindit ka kota meuli dahareun.

Terus, saurang awéwé datang ka sumur rék ngala cai. Ceuk Yésus, ’Cik, ménta caina.’ Ceuk éta awéwé, ’Ku naon Juragan ngajak ngobrol? Abdi urang Samaria. Pan urang Yahudi mah embung ngobrol jeung urang Samaria.’ Yésus ngomong, ’Lamun Nyai nyaho urang saha, Nyai bakal ménta nginum ka urang, ku urang bakal dibéré cai kahirupan.’ Éta awéwé ngomong, ’Maksudna? Juragan teu boga timba-timba acan.’ Ceuk Yésus, ’Nu nginum cai ti urang moal halabhab deui.’ Ceuk éta awéwé, ’Abdi ménta, Juragan.’

Terus Yésus ngomong, ’Bawa salaki Nyai ka dieu.’ Ceuk éta awéwé, ’Abdi teu boga salaki.’ Ceuk Yésus, ’Nyai téh geus jujur. Nyai geus lima kali nikah. Lalaki nu ayeuna saimah jeung Nyai mah lain salaki.’ Ceuk éta awéwé, ’Juragan téh pasti nabi. Urang Samaria mah percaya, ibadah ka Allah téh bisa di ieu gunung, tapi ceuk urang Yahudi mah ibadah téh ngan bisa di Yérusalém. Abdi percaya mun engké Mésias datang, anjeunna bakal ngajarkeun carana ibadah.’ Terus, Yésus méré nyaho hiji hal nu can pernah dibéjaan ka sasaha, ’Urang téh Mésias.’

Buru-buru éta awéwé lumpat ka kota, bébéja ka urang Samaria, ’Aya jalma nu nyahoeun sagala hal ngeunaan abdi. Sigana éta téh Mésias! Hayu geura tingali!’ Jalma-jalma nuturkeun manéhna ka sumur, terus Yésus ngajar maranéhna.

Urang Samaria ménta Yésus mondok. Salila dua poé, Yésus ngajar di ditu. Loba jalma jadi percaya ka Yésus. Ceuk jalma-jalma ka éta awéwé, ’Sanggeus ngadéngé sorangan, ayeuna mah nyaho anjeunna téh jurusalamet dunya.’

”’Sumangga sumping!’ Nu halabhab ka darieu! Saha bae anu hayang cai anu matak hirup, jadi ganjaran.”​—Wahyu 22:17