Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 80

Dua Belas Rasul Yésus

Dua Belas Rasul Yésus

Sanggeus nguarkeun warta hadé salila hiji satengah taun, Yésus kudu nyieun putusan penting. Saha nu kudu dipilih pikeun ngabaturan Yésus? Saha nu kudu dilatih pikeun mingpin sidang Kristen? Yésus hayang dibingbing ku Yéhuwa pikeun mutuskeunana. Jadi, Yésus indit sorangan ka gunung jeung ngadoa sapeupeuting. Isukna, Yésus manggil murid-muridna, terus milih 12 jalma jadi rasulna. Hidep apal saha waé? Maranéhna téh Pétrus, Andréas, Yakobus, Yohanes, Pilipus, Bartoloméus, Tomas, Mateus, Yakobus anakna Alpéus, Tadéus, Simon, jeung Yudas Iskariot.

Andréas, Pétrus, Pilipus, Yakobu

Dua belas rasul ieu bakal terus ngabaturan Yésus. Sanggeus dilatih ku Yésus, maranéhna diutus pikeun ngawawar. Yéhuwa masihan kawasa ka maranéhna jang ngusir roh-roh jahat jeung nyageurkeun nu gering.

Yohanes, Mateus, Bartoloméus, Tomas

Yésus percaya jeung nyebut maranéhna sobat. Urang Parisi nganggap rasul-rasul téh ngan jalma biasa, teu cukup didikan. Tapi Yésus mah teu mikir kitu, anjeunna ngalatih maranéhna. Maranéhna bakal terus ngabaturan Yésus dina sababaraha kaayaan penting, misalna saacan Yésus maot jeung sanggeus Yésus dihirupkeun deui. Saperti Yésus, para rasul lolobana ti Galiléa. Sababaraha aya nu geus nikah.

Yakobus anakna Alpéus, Yudas Iskariot, Tadéus, Simon

Para rasul téh teu sampurna, osok salah ogé. Maranéhna sok salah nyieun putusan, teu sabaran, jeung omonganana sok teu dipikir heula. Malah, hiji waktu maranéhna ngaributkeun saha nu paling penting. Tapi, sabenerna maranéhna téh balageur jeung nyaah ka Yéhuwa. Maranéhna bakal jadi anggota sidang Kristen nu mimiti, nu boga tugas penting sanggeus Yésus indit ka sawarga.

”Maraneh ku Kami disebut sobat, lantaran geus dibarere nyaho sagala perkara anu ku Rama didawuhkeun ka Kami.”—Yohanes 15:15