Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 74

Yésus Jadi Mésias

Yésus Jadi Mésias

Yohanes geus nguarkeun, ’Nu leuwih agung bakal datang.’ Basa umur Yésus kira-kira 30 taun, Yésus indit ti Galiléa ka Walungan Yordan, tempat Yohanes ngabaptis jalma-jalma. Yésus hayang Yohanes ngabaptis anjeunna, tapi ceuk Yohanes, ’Kuduna abdi nu dibaptis ku anjeun.’ Yésus ngajawab, ’Yéhuwa hoyong manéh nu ngabaptis urang.’ Jadi, maranéhna asup ka Walungan Yordan. Sakabéh awak Yésus dicelupkeun ka jero cai ku Yohanes.

Sanggeus kaluar ti jero cai, Yésus ngadoa. Bray langit muka, roh Allah turun dina rupa manuk japati, terus eunteup ka sirah Yésus. Yéhuwa ngomong ti sawarga, ’Hidep téh Putra kaasih Urang, anu dipikaresep ku Urang.’

Waktu roh Yéhuwa eunteup ka Yésus, anjeunna jadi Kristus, atawa Mésias. Ayeuna, waktuna pikeun ngajalankeun tugas nu dipasihkeun ku Yéhuwa basa ngutus anjeunna ka bumi.

Sanggeus dibaptis, Yésus langsung indit ka gurun. Di ditu, Yésus cicing salila 40 poé. Terus, Yésus balik jeung datang ka Yohanes. Pas ningali Yésus, Yohanes ngomong, ’Ieu Anak Domba Allah nu bakal ngaleungitkeun dosa ti alam dunya.’ Waktu Yohanes ngomong kieu, jalma-jalma jadi nyaho yén Yésus téh Mésias. Hidep apal naon nu dialaman ku Yésus basa di gurun? Hayu urang bahas.

”Ti langit aya soara, ungelna, ’Hidep teh Putra kaasih Kami, anu kamanah ku Kami.’”​—Markus 1:11