Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 84

Yésus Leumpang dina Cai

Yésus Leumpang dina Cai

Salian bisa nyageurkeun nu gering jeung ngahirupkeun nu maot, Yésus ogé bisa ngadalikeun angin jeung hujan. Sanggeus ngadoa di gunung, Yésus ningali Laut Galiléa ditarajang ku angin ribut. Para rasul aya di tengah laut, keur susah payah sabab parahuna keur digubag-gabig ku angin gedé. Yésus turun, terus leumpang dina cai nyampeurkeun ka parahu. Waktu ningali aya jelema leumpang dina cai, para rasul sarieuneun. Tapi ceuk Yésus, ’Ulah sieun. Ieu téh urang.’

Ceuk Pétrus, ’Mun bener anjeun téh Juragan, titah abdi ka ditu.’ Ceuk Yésus, ’Sok, ka dieu.’ Jadi di tengah-tengah angin ribut, Pétrus turun tina parahu, terus ngaléngkah dina cai nyampeurkeun Yésus. Tapi pas geus deukeut, Pétrus malah ningali kana angin, manéhna jadi sieuneun. Lila-lila Pétrus tilelep. Pétrus ngajerit, ’Juragan, tulung!’ Yésus narik leungeunna bari ngomong, ’Ku naon asa-asa? Dikamanakeun kapercayaan manéh?’

Yésus jeung Pétrus naék kana parahu, jep angin jempé. Bayangkeun kumaha parasaan para rasul! Ceuk maranéhna, ’Juragan téh bener-bener Putra Allah!’

Lain ngan sakali ieu Yésus ngadalikeun alam. Hiji waktu pas Yésus jeung rasul-rasul keur balayar di laut, Yésus ka tukangeun parahu rék saré. Waktu keur saré, gelebug aya angin ribut hébat pisan. Parahu ditebak ku ombak nepi ka pinuh ku cai. Para rasul ngahudangkeun Yésus bari ngajerit, ’Guru, tulungan! Urang téréh paéh!’ Yésus hudang jeung ngomong ka laut, ”Eureun!” Jep baé angin eureun, laut jadi kacida ayemna. Ceuk Yésus ka para rasul, ’Dikamanakeun kapercayaan maranéh?’ Para rasul pada ngaromong, ’Angin jeung ombak gé narurut ka anjeunna!’ Para rasul diajar yén lamun bener-bener percaya ka Yésus, maranéhna teu kudu sieun ka nanaon ogé.

”Jelema anu . . . percaya ka Allah, tinangtu hirup.”​—Rum 1:17