Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 78

Yésus Nguarkeun Warta Karajaan

Yésus Nguarkeun Warta Karajaan

Sanggeus dibaptis, Yésus nguarkeun, ’Karajaan Allah téréh datang!’ Murid-muridna nuturkeun Yésus ka Galiléa jeung Yudéa. Waktu balik ka Nasarét, Yésus indit ka imah ibadah, muka gulungan kitab Yesaya, terus maca ku sora tarik, ’Yéhuwa masihan abdi roh suci pikeun nguarkeun warta hadé.’ Naon hartina? Hartina, sanajan jalma réa miharep Yésus nyieun mujijat, Yésus narima roh suci téh pangpangna pikeun nguarkeun warta hadé. Terus Yésus ngomong, ’Poé ieu, ramalanana geus laksana.’

Terus, Yésus indit ka Laut Galiléa. Di ditu, Yésus panggih jeung opat nalayan, nu ahirna jadi murid-muridna. Maranéhna téh Pétrus, Andréas, Yakobus, jeung Yohanes. Yésus ngajak maranéhna, ’Hayu milu urang! Engké ku urang diajar ngala jelema.’ Maranéhna langsung nuturkeun Yésus, ninggalkeun usaha laukna. Yésus jeung maranéhna indit ka Galiléa, nguarkeun warta ngeunaan Karajaan Yéhuwa di imah-imah ibadah, di pasar-pasar, jeung di jalan-jalan. Gorombolan jalma nuturkeun. Carita ngeunaan Yésus nyebar ka mana-mana, nepi ka Siria nu jauh.

Yésus ogé méré kawasa ka sababaraha murid pikeun nyageurkeun jalma jeung ngusir roh-roh jahat. Sawaréhna deui milu Yésus nguarkeun warta di kota-kota jeung di désa-désa. Awéwé-awéwé nu iman ka Yésus, misalna Maria Magdaléna, Yohana, Susanna, sarta nu séjénna, ngurus pangabutuh Yésus jeung murid-muridna.

Sanggeus ngalatih murid-muridna, Yésus ngutus maranéhna pikeun nguarkeun warta. Waktu maranéhna indit ka sakuliah Galiléa, loba nu jadi murid jeung dibaptis. Saking lobana nu hayang jadi murid, Yésus nyaruakeun maranéhna siga ladang nu kudu dipanén. Ceuk Yésus, ’Doa ka Yéhuwa, ménta leuwih loba pagawé pikeun panén.’ Terus, 70 jalma dipilih ti antara murid-muridna, diutus duaan-duaan pikeun nguarkeun warta ka sakuliah Yudéa. Maranéhna ngajar sagala jalma ngeunaan Karajaan. Pas balik, maranéhna kacida bungahna, terus carita ka Yésus ngeunaan nu dialaman ku maranéhna. Sétan teu bisa ngeureunkeun pagawéan nguarkeun warta!

Yésus mastikeun yén murid-muridna bakal neruskeun pagawéan penting ieu sanajan anjeunna geus ka sawarga. Ceuk Yésus, ’Uarkeun warta hadé ka sakuliah dunya. Ajar jalma-jalma ngeunaan Firman Allah, terus baptis maranéhna.’

”Kota-kota sejen oge kudu diteang, perlu diwuruk hal Injil Kasalametan ngeunaan Karajaan Allah. Kami diutus ku Allah pikeun kaperluan eta.”​—Lukas 4:43