Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 88

Yésus Ditéwak

Yésus Ditéwak

Yésus jeung para rasul indit ka Gunung Jetun ngaliwatan Lebak Kidron. Basa éta, geus liwat tengah peuting sarta keur bulan purnama. Pas nepi di taman Gétsemané, Yésus nitah maranéhna, ’Daragoan di dieu bari jaga-jaga.’ Sanggeus indit rada jauh, brek Yésus sujud. Bari remuk haté, Yésus ngadoa ka Yéhuwa, ’Mugia kahoyong Bapa nu laksana.’ Terus, Yéhuwa ngutus malaikat pikeun nguatkeun Yésus. Pas Yésus balik, para rasul keur sararé. Ceuk Yésus, ’Harudang! Lain waktuna saré! Urang geus téréh dipasrahkeun ka musuh.’

Jol Yudas datang, mawa loba jalma nu maké pedang jeung pepentung. Yudas nyaho Yésus aya di taman sabab Yésus jeung para rasul sering ka dinya. Saacanna, Yudas méré nyaho para prajurit yén manéhna bakal méré isarat pikeun nunjukkeun Yésus téh nu mana. Yudas nyampeurkeun Yésus. Ceuk Yudas bari nyium Yésus, ’Salam, Guru.’ Ceuk Yésus, ’Yudas, manéh ngahianat urang ku cium?’

Yésus maju bari nanya ka jalma-jalma éta, ”Maraneh nareangan saha?” Ceuk maranéhna, ”Yesus urang Nasaret.” Ceuk Yésus, ’Ieu urang.’ Jalma-jalma mundur jeung rarubuh kana taneuh. Yésus nanya deui, ”Maraneh nareangan saha?” Jawab maranéhna deui, ”Yesus urang Nasaret.” Ceuk Yésus, ’Ti tadi geus dibéjaan, ieu urang. Nu séjén ulah diganggu.’

Waktu Pétrus ningali ieu, manéhna nyabut pedang jeung motong ceulina Malkus, palayan imam agung. Tapi, ku Yésus ceuli éta palayan dicabak sarta dicageurkeun. Terus Yésus ngomong ka Pétrus, ’Asupkeun deui pedang manéh! Mun manéh ngagunakeun pedang, manéh bakal paéh ku pedang deui.’ Yésus ditéwak ku para prajurit, leungeunna ditalian. Para rasul kalalabur. Ku jalma-jalma, Yésus dibawa ka Anas, imam kapala. Anas mariksa Yésus, terus ngirim anjeunna ka Imam Agung Kayapas. Tapi, kumaha jeung para rasul?

”Maraneh ku dunya bakal dikaniaya, tapi sing taleger, sabab dunya geus eleh ku Kami.”—Yohanes 16:33