Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 90

Yésus Maot di Golgota

Yésus Maot di Golgota

Para imam kapala mawa Yésus ka karaton gupernur. Di ditu, Pilatus nanya ka jalma réa, ’Naon kajahatan ieu jalma?’ Ceuk jalma-jalma, ’Manéhna ngaku-ngaku sabagé raja!’ Terus Pilatus nanya ka Yésus, ’Anjeun téh Raja urang Yahudi?’ Ceuk Yésus, ’Karajaan urang lain ti ieu dunya!’

Terus, Pilatus ngirim Yésus ka pangawasa Galiléa, nyaéta Hérodés, pikeun dipariksa. Hérodés teu manggihan kasalahan Yésus hiji-hiji acan, jadi Yésus dipulangkeun deui ka Pilatus. Ceuk Pilatus ka jalma réa, ’Urang jeung Hérodés teu manggihan salahna. Ku urang rék dibébaskeun.’ Jalma-jalma kalah ka ngagorowok, ’Paéhan! Paéhan!’ Para serdadu mecutan, nyariduhan, jeung nareunggeulan Yésus. Yésus dimakutaan ku makuta cucuk sarta dipoyokan, ’Daulat Raja urang Yahudi!’ Pilatus ngomong deui ka maranéhna, ’Ieu jelema teu salah nanaon.’ Tapi maranéhna ngagorowok, ’Gantung manéhna!’ Jadi, Pilatus nyerahkeun Yésus pikeun dipaéhan.

Yésus dibawa ka tempat nu disebut Golgota. Di ditu, Yésus dipakukeun dina tihang, sarta digantung. Yésus ngadoa, ’Bapa, hampura kasalahan jalma-jalma ieu, maranéhna teu terangeun kana kalakuanana.’ Jalma-jalma ngahina, ’Mun manéh Putra Allah, pék turun! Salametkeun diri sorangan!’

Hiji penjahat nu digantung di sabeulah Yésus ngomong, ’Sing inget ka abdi upami tos jadi Raja.’ Yésus jangji, ’Manéh bakal bareng jeung urang di Pirdaus.’ Pas tengah poé, reup sakuliah nagri poék salila tilu jam. Sababaraha rasul nangtung di deukeut tihang. Mariam, ibuna Yésus, ogé aya di ditu. Yésus ménta Yohanes ngarawat Mariam siga ka indungna sorangan.

Geus kitu, Yésus ngomong, ’Geus laksana!’ Yésus tungkul, les pupus. Ujug-ujug, aya lini gedé pisan. Di bait, hordéng kandel nu ngagantung di antara Kamar Suci jeung Kamar Pangsucina soéh jadi dua. Hiji serdadu ngomong, ’Ieu jelema téh bener-bener Putra Allah!’

”Ku jalan Anjeunna Allah geus ngadawuh ”Enya” tina sagala jangji-Na.”​—2 Korinta 1:20