Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 4

Ambek Nepi ka Maéhan

Ambek Nepi ka Maéhan

Sanggeus diusir ti taman Éden, Adam jeung Hawa boga loba budak. Nu kahiji ngaranna Kain, jadi patani. Nu kadua ngaranna Habil, jadi tukang ngurus domba.

Hiji poé, Kain jeung Habil méré kurban ka Yéhuwa. Hidep apal, naon kurban téh? Kurban téh hadiah istiméwa keur Allah. Yéhuwa resep kana kurban Habil, tapi nolak kana kurban Kain. Kain jadi ambek pisan. Yéhuwa ngingetkeun lamun Kain teterusan ambek, manéhna bisa ngalakukeun hal nu goréng. Tapi, Kain teu paduli.

Malahan, Kain ngomong ka Habil, ’Hayu urang ka lapang.’ Waktu ngan keur duaan di lapang, Kain neunggeul jeung maéhan adina. Naon tindakan Yéhuwa? Yéhuwa ngahukum Kain, ngusir manéhna sina jauh ti kulawarga. Kain teu meunang balik deui.

Naon palajaranana keur urang? Bisa jadi, urang ambek lamun kahayang urang teu kacumponan. Lamun urang beuki ambek atawa nepi ka ditegor batur, urang kudu buru-buru nahan diri saacan émosi urang teu bisa dikadalikeun deui.

Habil nyaah ka Yéhuwa jeung ngalakukeun nu hadé. Yéhuwa bakal terus inget ka manéhna. Allah bakal ngahirupkeun manéhna waktu bumi dirobah jadi pirdaus.

”Buru-buru indit menta hampura heula, geus kitu kakara balik deui neruskeun ngurban.”​—Mateus 5:24