Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 6

Dalapan Urang nu Salamet

Dalapan Urang nu Salamet

Nuh, kulawargana, jeung sasatoan arasup ka jero bahtera. Sanggeus kitu, Yéhuwa nutup panto bahtera. Der hujan turun! Hujanna gedé pisan, éta bahtera nepi ka ngambang. Ahirna, sakabéh bumi katutup ku cai. Di luar bahtera, kabéh jalma nu jahat paraéh. Tapi, Nuh jeung kulawargana mah aman di jero. Pasti Nuh jeung kulawargana bungah pisan sabab geus nurut ka Yéhuwa!

Sanggeus 40 poé 40 peuting, hujan eureun. Lalaunan, cai surud. Éta bahtera nyangsang di pagunungan. Tapi, cai masih loba kénéh. Nuh jeung kulawargana can bisa kaluar.

Lila-lila, caina saat. Lamun diitung-itung mah, Nuh jeung kulawargana geus aya di jero bahtera leuwih ti sataun. Sanggeus kitu, Yéhuwa nitah maranéhna kaluar ti bahtera. Maranéhna muji sukur ka Yéhuwa sabab geus disalametkeun. Terus, maranéhna méré kurban ka Yéhuwa.

Yéhuwa resepeun kana kurban maranéhna. Mantenna jangji moal ngabasmi bumi ku banjir gedé deui. Sabagé tanda perjangjiana-Na, Yéhuwa mentangkeun pelangi nu pangmimitina di langit. Hidep pernah nempo pelangi?

Yéhuwa ogé nitah Nuh jeung kulawargana pikeun baroga anak jeung minuhan bumi.

”[Nuh] lebet kana kapal. Tapi jelema-jelema teh teu arengeuheun aya kajadian naon, nyaho-nyaho geus ger caah.”​—Mateus 24:38, 39