Panganteur Bagian 5
Dua bulan sanggeus meuntasan Laut Beureum, bangsa Israil nepi di Gunung Sinai. Di ditu, Yéhuwa nyieun perjangjian, nyaéta bangsa Israil bakal jadi bangsa-Na nu istiméwa. Yéhuwa nyalindungan sarta nyadiakeun sagala pangabutuh maranéhna. Yéhuwa masihan manna jang didahar, ngajaga bajuna tetep alus, sarta ngajaga kémah tetep aman. Lamun boga budak, bantu budak Sadérék ngarti ku naon Yéhuwa masihan Hukum, tabernakel, jeung imam-imam keur bangsa Israil. Jelaskeun pentingna nyumponan jangji, rendah haté, jeung terus satia ka Yéhuwa.
DINA BAGIAN IEU
PALAJARAN 23
Jangji ka Yéhuwa
Waktu keur kémah di Gunung Sinai, bangsa Israil nyieun jangji nu istiméwa ka Allah.
PALAJARAN 24
Jangji nu Dilanggar
Waktu Musa narima Sapuluh Paréntah, jalma-jalma kalah ka ngalakukeun dosa beurat.
PALAJARAN 26
Dua Belas Mata-Mata
Yosua jeung Kaléb béda ti sapuluh mata-mata nu ngintip tanah Kanaan.
PALAJARAN 27
Maranéhna Barontak ka Yéhuwa
Korah, Datan, Abiram, jeung 250 baladna teu paham hiji hal penting ngeunaan Yéhuwa.