Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 25

Tabernakel keur Ibadah

Tabernakel keur Ibadah

Waktu di Gunung Sinai, Yéhuwa nitah Musa nyieun hiji kémah istiméwa keur ibadah urang Israil. Éta disebutna tabernakel. Tabernakel téh bisa dibabawa lamun urang Israil pundah-pindah.

Yéhuwa ngomong, ’Ménta jalma-jalma nyumbangkeun barang-barangna jang nyieun tabernakel.’ Urang Israil maréré emas, pérak, tambaga, perhiasan, jeung batu-batu mahal. Aya ogé nu méré wol, linén, kulit sato, jeung barang-barang séjénna. Saking lobana, Musa nepi ka ngomong, ’Geus, geus loba. Ulah mawa nanaon deui.’

Loba lalaki jeung awéwé nu boga kaahlian ngabantu nyieun tabernakel. Yéhuwa masihan pangarti ka maranéhna. Aya nu ngagintir benang, ninun kain, atawa nyulam. Nu séjén migawé barang tina emas atawa inten sarta ngukir kayu.

Maranéhna nyieun éta tabernakel saperti paréntah Yéhuwa. Maranéhna nyieun hordéng nu alus pikeun misahkeun tabernakel jadi dua bagian, nyaéta Kamar Suci jeung Kamar Pangsucina. Di Kamar Suci aya suku lampu, méja, jeung altar paranti ngukus seuseungitan. Di Kamar Pangsucina aya peti perjangjian nu dijieunna tina kayu pilang jeung emas. Peti perjangjian téh ngingetkeun urang Israil kana jangji maranéhna nu istiméwa, nyaéta rék nurut ka Yéhuwa. Terus, di pakarangan aya jolang tambaga jeung altar gedé.

Yéhuwa milih Harun jeung barudak lalakina pikeun jadi imam di tabernakel. Maranéhna kudu ngarawat tabernakel jeung méré kurban ka Yéhuwa. Ngan Harun nu meunang asup ka Kamar Pangsucina, sabab manéhna téh imam agung. Éta gé ngan sataun sakali, jang méré kurban keur nebus dosana, dosa kulawargana, jeung dosa bangsa Israil.

Éta tabernakel bérés dijieun sataun sanggeus urang Israil kaluar ti Mesir. Ahirna, maranéhna boga tempat ibadah ka Yéhuwa!

Yéhuwa resep ningali éta tabernakel sarta masang méga di luhureun tabernakel. Lamun éta méga aya di dinya, urang Israil teu meunang pindah. Tapi lamun éta méga ngapung leuwih luhur, maranéhna kudu pindah. Maranéhna kudu ngabongkar jeung mawa tabernakel, terus nuturkeun méga.

”Aya soara tarik tina tahta, unina, ’Tempat Allah ayeuna geus ngahiji jeung manusa! Mantenna rek sasarengan jeung maranehna, maranehna bakal jadi umat-Na, sarta Mantenna bakal jadi Allah maranehna.’”​—Wahyu 21:3