Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 3

Sadérék Perelu Diajar Ngeunaan Allah

Sadérék Perelu Diajar Ngeunaan Allah

Sangkan janten sobat Allah, Sadérék perelu diajar ngeunaan Mantenna. Naha sobat-sobat Sadérék terang sarta nyebatkeun jenengan Sadérék? Geus tangtu. Allah ogé miharep sangkan Sadérék terang sarta nyebatkeun jenengana-Na. Jenengan Allah téh Yéhuwa atawa Yahwéh. (Mazmur [Jabur] 83:18, NW; Mateus 6:9) Sadérék ogé kedah diajar ngeunaan naon nu dipikaresep sarta naon nu dipikangéwa ku Mantenna. Sadérék perelu terang saha anu janten sobat-sobat-Na sarta saha anu janten musuh-musuh-Na. Perelu waktu sangkan bisa wawuh ka hiji jalma. Alkitab nyebutkeun yén wijaksana lamun bisa nyadiakeun waktu pikeun diajar ngeunaan Yéhuwa.​—Epesus 5:15, 16.

Sobat-sobat Allah ngalampahkeun naon anu nyenangkeun Mantenna. Pikirkeun ngeunaan sobat-sobat Sadérék. Upami Sadérék janten jalmi anu pikakeuheuleun sarta ngalampahkeun hal anu dipikangéwa ku maranéhna, naha maranéhna masih kénéh nganggap sobat? Tangtu moal! Kitu ogé, upami Sadérék palay janten sobat Allah, Sadérék perelu ngalampahkeun naon anu nyenangkeun Mantenna.​—Yohanes 4:24.

Henteu kabéh agama bisa ngabingbing urang sangkan jadi sobat Allah. Yésus, sobat Allah nu pangdalitna, nyebutkeun aya dua jalan. Nu kahiji, jalanna gedé sarta loba jalma nu nempuh ieu jalan. Ieu jalan brasna kana pibinasaeun. Nu kadua, jalanna leutik sarta mung saeutik jalma nu nempuh ieu jalan. Ieu jalan brasna kana hirup nu langgeng. Éta hartosna, upami Sadérék palay ngajalin sosobatan sareng Allah, Sadérék kedah diajar cara anu leres pikeun nyembah ka Mantenna.​—Mateus 7:13, 14, Sunda Formal.