Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 8

Saha Waé Nu Jadi Musuh Allah?

Saha Waé Nu Jadi Musuh Allah?

Musuh Allah nu utama nyaéta Sétan si Iblis. Manéhna téh mahluk roh nu barontak ngalawan ka Yéhuwa. Sétan teterusan ngalawan ka Allah sarta ngalantarankeun kasusahan anu kacida pikeun manusa. Sétan téh jahat. Manéhna tukang bohong jeung tukang maéhan.​—Yohanes 8:44.

Mahluk-mahluk roh lianna ngagabung jeung Sétan barontak ngalawan ka Allah. Dina Alkitab, maranéhna disebut roh-roh jahat. Saperti Sétan, roh-roh jahat téh musuhna manusa. Maranéhna resep nyilakakeun jalma-jalma. (Mateus 9:32, 33; 12:22) Yéhuwa bakal ngabinasakeun Sétan sarta roh-roh jahat pikeun salalawasna. Maranéhna ngan boga waktu saeutik deui pikeun nyangsarakeun manusa.​—Wahyu 12:12.

Upami Sadérék palay janten sobat Allah, Sadérék henteu kénging ngalampahkeun kahoyongna Sétan. Sétan sarta roh-roh jahat mikangéwa Yéhuwa. Maranéhna téh musuh Allah, sarta maranéhna mangaruhan sangkan Sadérék janten musuh Allah. Sadérék kedah milih badé nyenangkeun saha, naha Sétan atanapi Yéhuwa. Upami Sadérék palay hirup langgeng, Sadérék kedah milih ngalampahkeun kahoyong Allah. Sétan miboga loba muslihat sarta cara pikeun nipu manusa. Lolobana manusa keur ditipu ku manéhna.​—Wahyu 12:9.