Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 16

Témbongkeun Asih Sadérék Ka Allah

Témbongkeun Asih Sadérék Ka Allah

Sangkan tetep sosobatan, Sadérék perelu rutin nyarios sareng sobat Sadérék. Sadérék sareng anjeunna kedah silih dangukeun. Sadérék ogé nyarioskeun hal-hal nu saé ngeunaan sobat Sadérék ka nu sanés. Kitu ogé lamun jadi sobat Allah. Perhatikeun naon anu disebutkeun dina Alkitab ngeunaan ieu hal:

Rutin nyarios ka Yéhuwa dina doa. ”Sing rajin neneda.”​—Rum 12:12.

Baca Pirman Allah, Alkitab. ”Eusi Kitab Suci, sagemblengna wahyu ti Allah, sarta mangpa’at pikeun ngawurukkeun kayaktian, pikeun ngaweweleh anu salah, pikeun ngomean kasalahan.”​—2 Timoteus 3:16.

Ajar batur ngeunaan Allah. ”Datangan jalma-jalma saalam dunya jaradikeun murid, . . . Ajar ngalakonan sagala perkara anu ku Kami geus diparentahkeun ka maraneh.”​—Mateus 28:19, 20.

Raketan sobat-sobat Allah. ”Pek nyampur jeung nu pinter, tangtu pinter.”​—Siloka 13:20.

Hadir di pasamoan di Balé Karajaan. ”Sing silih titenan, silih ajak nyieun kahadean jeung nembongkeun kanyaah . . . Sing silih gedekeun hate.”​—Ibrani 10:24, 25.

Rojong kagiatan Karajaan. ”Mere teh kudu cop jeung hate, ulah owel atawa asa dipaksa. Anu mere reujeung suka lilah tangtu diasih ku Allah.”​—2 Korinta 9:7.