Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAHIRUPAN KRISTEN

Kampanyeu Husus Nyebarkeun Menara Pengawal dina Bulan Séptémber

Kampanyeu Husus Nyebarkeun Menara Pengawal dina Bulan Séptémber

Jalma-jalma di sakuliah dunya butuh panglilipur. (Pan 4:1) Dina bulan Séptémber urang bakal nyieun upaya husus pikeun nawarkeun Menara Pengawal nu ngabahas topik ngeunaan panglilipur. Sebarkeun majalah ieu kamana-mana. Lantaran urang hayang ngobrol langsung jeung jalma-jalma pikeun ngalilipur maranéhna, urang moal ninggalkeun ieu majalah di imah nu teu aya jalmana.

CARA NEPIKEUNANA

”Waktu aya kasusah, urang sadaya butuh panglilipur. Tapi, di mana urang bisa manggihanana? [Baca 2 Korinta 1:3, 4.] Menara Pengawal bulan ieu ngabahas carana Allah nyadiakeun panglilipur nu dibutuhkeun.”

Lamun jalmana némbongkeun minat jeung narima majalah, . . .

SETÉL VIDÉO NAON MARGINA PERYOGI NALUNGTIK ALKITAB?

Terus tawarkeun palajaran Alkitab.

JIEUN DASAR PIKEUN NGADATANGAN DEUI

Tinggalkeun pananya nu bakal dijawab waktu Sadérék datang deui, misalna ”Ku naon Allah ngantep kasangsaraan?