Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAHIRUPAN KRISTEN

Ngajarkeun Bebeneran

Ngajarkeun Bebeneran

Ti bulan Séptémber, dina Jurnal Pasamoan Kagiatan jeung Kahirupan bakal aya conto kecap panganteur anyar nu judulna ”Ngajarkeun Bebeneran”. Tujuan urang nyaéta ngabahas bebeneran dasar maké pananya jeung ayat nu cocog.

Lamun aya jalma nu minat, urang bisa méré publikasi atawa nyetélkeun vidéo ti jw.org sangkan minatna teu leungit. Sababaraha poé sanggeusna, urang perlu datang deui pikeun neruskeun diskusi. Conto kecap panganteur nu anyar jeung tugas keur siswa dumasar kana bagian kasimpulan tina buku Naon nu Diajarkeun Kitab Suci? Di dinya, aya pananya jeung ayat nu ngabantu urang pikeun ngadatangan deui atawa mandu palajaran maké Alkitab wungkul.

Ngan aya hiji jalan nu brasna kana kahirupan. (Mat 7:13, 14) Lantaran urang panggih jeung jalma ti rupa-rupa agama jeung budaya, urang kudu nepikeun bebeneran Alkitab nu bisa ngahudang minat maranéhna. (1Tim 2:4) Lamun urang biasa ngagunakeun rupa-rupa topik Alkitab jeung leuwih parigel dina ’ngajarkeun amanat kayaktian Allah’, urang bakal beuki bungah jeung beuki hasil dina ngajarkeun bebeneran ka batur.2Tim 2:15.