Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | AYUB 33-37

Sobat Sajati Méré Naséhat nu Nguatkeun

Sobat Sajati Méré Naséhat nu Nguatkeun

Waktu Élihu ngomong, naséhatna béda pisan ti naséhat Élipas, Bildad, jeung Sopar, boh eusina boh cara nepikeunana ka Ayub. Kabukti yén manéhna téh sobat sajati jeung panaséhat nu hadé. Manéhna téh conto nu alus.

SIPAT-SIPAT PANASÉHAT NU HADÉ

TULADAN ÉLIHU

32:4-7, 11, 12; 33:1

 

  • SABAR

  • PERHATIAN

  • HORMAT KA BATUR

 
  • Élihu sabar ngadagoan nu kolot bérés ngomong, kakara manéhna ngomong

  • Élihu ngaregepkeun heula saacan méré naséhat, jadi manéhna paham masalahna

  • Élihu nyebut ngaran Ayub jeung ngomongna téh siga ka babaturan

 

33:6, 7, 32

 

  • RENDAH HATÉ

  • GAMPANG DIDEUKEUTAN

  • BOGA RASRASAN

 
  • Élihu rendah haté jeung bageur, ngaku yén manéhna ogé teu sampurna

  • Manéhna boga rasrasan kana kasusahan Ayub

 

33:24, 25; 35:1, 2, 5

 

  • SAIMBANG

  • BAGEUR

  • NURUT BINGBINGAN ALLAH

 
  • Ku cara nu sopan, Élihu méré nyaho Ayub yén cara pandangna téh kaliru

  • Élihu ngabantu Ayub sadar yén bener henteuna Ayub téh lain hal nu pangpentingna

  • Naséhat nu alus ti Élihu nyiapkeun Ayub pikeun narima pituduh ti Yéhuwa