Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

NGUPAYAKEUN DIRI DINA NGAWAWAR

Ngabagikeun Ondangan Kongrés

Ngabagikeun Ondangan Kongrés

Unggal taun, urang ngarep-ngarep acara rohani di kongrés régional. Sangkan nu séjén gé bisa ngarasakeun kahadéan Yéhuwa, urang bakal ngondang saloba-lobana jalma hadir ka éta acara. (Jab 34:9) Unggal badan kokolot bakal nangtukeun cara pangalusna pikeun ngabagikeun saloba-lobana ondangan.

NU PERLU DIINGET

  • Iraha kongrésna diayakeun?

  • Ti iraha ondanganana dibagikeun?

  • Iraha waé riungan dines lapangan diayakeun?

  • Naon nu hayang kuring hontal?

  • Saha waé nu rék kuring ondang?

KUMAHA NGOMONGNA?

Sanggeus méré salam, Sadérék bisa ngomong:

”Di sakuliah dunya, abdi sadaya nuju ngabagikeun ondangan acara nu penting pisan. Tanggal, waktu, sareng tempatna aya dina ondangan ieu. Upami Sadérék tiasa, mangga sumping.”

KUMAHA CARA MUPUK MINAT MARANÉHNA?

Sanajan urang hayang ngondang saloba-lobana jalma ka kongrés, urang ogé kudu mupuk minat maranéhna.

Dina ahir minggu, Sadérék bisa nawarkeun ondangan jeung publikasi séjénna.