Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAHIRUPAN KRISTEN

Cara nu Hadé pikeun Ngamimitian Obrolan

Cara nu Hadé pikeun Ngamimitian Obrolan

Ti taun 2013, kabéh risalah nu anyar modélna sarua. Pananya jeung pilihan jawaban dina kaca hareup risalah dijieun pikeun ngamimitian obrolan ngeunaan topik Alkitab. Nu boga imah teu kudu sieun salah ngajawab. Dina jero risalah, aya ayat pilihan pikeun dibaca jeung katerangan tambahan pikeun diskusi.

Obrolan nu nyenangkeun ngeunaan topik-topik Alkitab matak mikat jalma-jalma pikeun diajar Alkitab. Paké cara nu hadé ieu pikeun ngabantu leuwih loba jalma nyumponan pangabutuh rohani maranéhna.Mat 5:6.

CARA NGAGUNAKEUNANA:

  1. Tanyakeun pananya di kaca hareup ka nu boga imah

  2. Déngékeun jawaban manéhna

  3. Bacakeun ayat dina jero risalah jeung tanyakeun pandanganana ngeunaan ayat éta. Lamun manéhna masih kénéh aya waktu, teruskeun obrolan maké salah sahiji katerangan di handapeun judul ”Naha nu Dicarioskeun Kitab Suci téh Tiasa Dipercanten ku Urang?”

  4. Tawarkeun risalahna

  5. Atur sangkan bisa ngadatangan deui jeung neruskeun diskusi maké brosur Warta Pikabungaheun