Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAHIRUPAN KRISTEN

Dikuatkeun ku Lagu Karajaan

Dikuatkeun ku Lagu Karajaan

Di panjara, Paulus jeung Silas ngawih pikeun muji Yéhuwa. (Ras 16:25) Dina jaman modéren, basa Saksi Yéhuwa dikurung ku Nazi Jérman di Sachsenhausen jeung basa dipiceun ka Sibéria, maranéhna gé ngawihkeun lagu Karajaan. Conto-conto ieu nunjukkeun lamun lagu Karajaan bisa nguatkeun urang Kristen basa aya tangtangan.

Buku kawih anyar nu judulna ’Bernyanyilah dengan Gembira’ bagi Yehuwa bakal ditarjamahkeun kana loba basa. Lamun geus boga, urang bisa latihan ngawih waktu ibadah kulawarga. (Epe 5:19) Engké lamun aya tangtangan, roh suci bisa mantuan urang nginget lirikna. Lagu Karajaan bisa ngingetkeun urang kana harepan, jadi urang bisa tabah. Lirik-lirikna nu nyumangetan nyieun urang ”ngawihkeun lagu-lagu” Karajaan kalawan gumbira. (1Bab 15:16; Jab 33:1-3) Hayu urang ngawihkeun lagu-lagu Karajaan dina sagala kasempetan!

SETÉL VIDÉO LAGU YANG MENGUATKAN PARA PEKERJA PAKSA, TERUS JAWAB PANANYA DI HANDAP:

  • Kaayaan naon nu nyababkeun Sadérék Frost nyieun lagu?

  • Kumaha lagu éta nguatkeun sadérék-sadérék basa dikurung di Sachsenhausen?

  • Dina kaayaan naon waé lagu Karajaan bisa nguatkeun urang?

  • Lagu Karajaan mana nu hayang Sadérék apalkeun?