Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAHIRUPAN KRISTEN

Ngabagéakeun Maranéhna

Ngabagéakeun Maranéhna

Saha nu perlu dibagéakeun? Sakabéh jalma nu hadir di pasamoan, ti jalma nu anyaran datang nepi ka nu geus lila jadi Saksi. (Rum 15:7; Ibr 13:2) Bisa ogé dulur saiman ti luar nagri atawa nu geus teu aktif. Bayangkeun lamun urang jadi maranéhna, pasti resep lamun urang dibagéakeun di pasamoan. (Mat 7:12) Hayu urang ngabagéakeun maranéhna boh saacan boh sanggeus pasamoan. Upaya Sadérék bisa nyieun kaayaan di pasamoan leuwih akrab sarta bisa ngamulyakeun Yéhuwa. (Mat 5:16) Tangtu urang moal bisa ngobrol jeung unggal jalma di pasamoan. Tapi, lamun urang masing-masing nyieun upaya, sakabéh hadirin bakal senang. *

Urang kudu upaya ngabagéakeun batur unggal waktu, lain saukur basa keur Pangéling-ngéling. Jadi, jalma nu anyaran datang bisa ngarasakeun kaasih Kristen sarta kageuing pikeun ngawula Yéhuwa dina ibadah sajati.Yoh 13:35.

^ par. 3 Prinsip Alkitab ngatur cara nyanghareupan jalma nu dipecat atawa nu embung deui jadi Saksi.1Kor 5:11; 2Yoh 10.