Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | AYUB 6-10

Ayub nu Satia Ngungkabkeun Kapeurih Haténa

Ayub nu Satia Ngungkabkeun Kapeurih Haténa

Sanajan malarat, sedih lantaran kapapaténan, jeung gering parah, Ayub tetep satia. Jadi sangkan Ayub teu satia deui, Sétan nyieun Ayub leutik haté. Tilu ”sobat” Ayub daratang. Mimitina maranéhna némbongkeun rasa watirna. Terus maranéhna diuk maturan Ayub salila tujuh poé, tapi kalah ka jarempé, lainna ngahibur Ayub. Sanggeus kitu, Ayub meunang tuduhan-tuduhan palsu anu kejem.

Ayub tetep satia ka Yéhuwa sanajan kacida sangsarana

6:3; 7:16; 9:20-22; 10:1, 12

  • Ku lantaran kacida sedihna, Ayub jadi boga pamikiran nu salah. Manéhna nyimpulkeun yén Allah teu paduli kana kasatiaanana

  • Lantaran leutik haté, teu kapikir ku Ayub alesan séjén nu nyababkeun manéhna sangsara

  • Kasedih teu nyababkeun Ayub eureun nyaritakeun rasa nyaahna ka Yéhuwa di hareupeun jalma-jalma anu nuduh manéhna