Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAHIRUPAN KRISTEN

Pihudangeunana nu Maot—Bisa Aya Lantaran Tebusan

Pihudangeunana nu Maot—Bisa Aya Lantaran Tebusan

Hadir di Pangéling-ngéling bisa ngabantu urang ngabayangkeun berkah-berkah nu bakal ditarima ku ayana tebusan, saperti pihudangeunana nu maot. Yéhuwa teu pernah miharep manusa maot. Éta sababna, lamun ditinggal maot ku jalma nu dipikaasih, urang pohara nalangsana. (1Kor 15:26) Yésus gé sedih waktu ningali murid-muridna careurik lantaran Lasarus maot. (Yoh 11:33-35) Yésus boga parasaan nu sarua jeung Bapana. Jadi, Yéhuwa ogé pasti sedih waktu urang ditinggal maot ku jalma nu dipikaasih. (Yoh 14:7) Yéhuwa ngarep-ngarep waktuna ngahirupkeun deui hamba-hamba-Na nu geus maraot, pastina urang ogé ngarepkeun éta jadi kanyataan.Ayub 14:14, 15.

Lantaran Yéhuwa resep kana kabérésan, urang bisa yakin yén pihudangeunana nu maot bakal rapih prakprakanana. (1Kor 14:33, 40) Engké, urang moal bakal ngurebkeun nu maot, sabalikna urang bakal ngabagéakeun jalma-jalma nu dihirupkeun deui. Naha Sadérék ngalenyepan harepan éta, hususna waktu keur kapapaténan? (2Kor 4:17, 18) Naha Sadérék nganuhunkeun ka Yéhuwa lantaran geus nyadiakeun tebusan jeung harepan pihudangeunana nu maot dina Alkitab?Kol 3:15.

  • Saha babaturan jeung baraya anu hayang dipanggihan deui ku Sadérék?

  • Saha tokoh Alkitab nu hayang Sadérék panggihan jeung ajak ngobrol?