Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAHIRUPAN KRISTEN

Ngabagéakeun nu Daratang

Ngabagéakeun nu Daratang

Dina tanggal 23 Maret, leuwih ti 12 juta jalma bakal hadir ka acara Pangéling-ngéling. Ieu bakal jadi kasaksén nu alus lantaran nu hutbah bakal ngabahas kurnia tebusan ti Yéhuwa sarta berkah-berkah pikeun manusa dina mangsa pikahareupeun! (Yes 11:6-9; 35:5, 6; 65:21-23; Yoh 3:16) Tapi, lain nu hutbah wungkul nu méré kasaksén téh. Urang kabéh bisa miluan ku cara ngabagéakeun nu daratang. (Rum 15:7) Ieu sababaraha saranna.

  • Ti batan langsung diuk bari ngadagoan acarana dimimitian, kalawan soméah Sadérék bisa ngabagéakeun jalma-jalma nu daratang, kaasup jalma-jalma nu teu aktip.

  • Bari ngabaturan kenalan nu diondang, Sadérék ogé siap ngabagéakeun jalma-jalma nu daratang lantaran dibéré ondangan. Ajak manéhna diuk gigireun Sadérék, terus injemkeun Alkitab jeung buku kawih Sadérék ka manéhna.

  • Sanggeus hutbahna réngsé, pastikeun Sadérék siap ngajawab pananya manéhna. Lamun waktuna teu cukup lantaran tempatna bakal dipaké ku sidang séjén, Sadérék bisa nyieun jangji pikeun panggih jeung manéhna sababaraha poé deui. Sadérék bisa ngomong kieu, ”Abdi hoyong terang koméntar Sadérék ngeunaan acara ieu, naha abdi tiasa nyuhunkeun nomer telepon atawa alamat Sadérék?”