Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

NINGKATKEUN KAMAMPUH NGAWAWAR URANG

Ningkatkeun Kamampuh Ngawawar Urang—Nyieun Kecap Panganteur Kuring

Ningkatkeun Kamampuh Ngawawar Urang—Nyieun Kecap Panganteur Kuring

ALESANANA: Sanajan conto kecap panganteur nu aya dina jurnal pasamoan bisa ngabantu Sadérék, éta mah ngan saukur conto. Sadérék bisa nyieun kecap panganteur Sadérék sorangan. Bisa jadi aya cara atawa topik séjén dina éta publikasi nu leuwih cocog pikeun daérah Sadérék. Lamun kitu, sanggeus maca publikasina, ningali conto kecap panganteurna, jeung nongton vidéona, Sadérék bisa maké saran di handap ieu pikeun nyieun kecap panganteur Sadérék.

CARANA:

Tanya ka diri sorangan, ’Naha kuring rék maké salah sahiji conto kecap panganteur?’

ENYA

  • Jieun bubukana. Sanggeus méré salam, jelaskeun sacara singget alesanana Sadérék datang. (Conto: ”Abdi ka dieu badé . . . ”)

  • Pikirkeun carana nganteur pananya, ayat, jeung publikasi nu ditawarkeun. (Conto: Pikeun nganteur ayat, Sadérék bisa ngomong kieu, ”Jawabanana aya di ayat ieu.”)

HENTEU

  • Siapkeun pananya pikeun dijawab waktu ngadatangan deui

  • Jieun catetan supaya Sadérék inget naon nu rék diomongkeun

  • Tina éta publikasi, pilih hiji topik nu cocog pikeun daérah Sadérék

  • Jieun pananya nu bakal ngabantu nu boga imah mikir jeung nyaritakeun pandanganana. Tapi, ulah nepi ka nyinggung manéhna

TEU SUAL JAWABAN SADÉRÉK

  • Pilih ayat nu rék dibacakeun. (Gumantung kana kaayaanana, Sadérék bisa langsung macakeun ayatna tina Alkitab atawa tina publikasina. Sadérék ogé bisa nyutat ayatna wungkul.)

  • Jieun hiji atawa dua kalimah nu ngajelaskeun mangpaatna lamun nu boga imah maca éta publikasi