Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAHIRUPAN KRISTEN

Cara Ngagunakeun Brosur Saha nu Milampah Pangersa Yéhuwa Kiwari?

Cara Ngagunakeun Brosur Saha nu Milampah Pangersa Yéhuwa Kiwari?

Brosur Saha nu Milampah Pangersa Yéhuwa Kiwari? téh dirancang pikeun dibahas jeung palajar saacan atawa sanggeus palajaran Alkitab. * Palajaran 1 nepi ka 4 ngabantu palajar pikeun wanoh ka Saksi Yéhuwa, palajaran 5 nepi ka 14 méré nyaho ngeunaan kagiatan urang, sarta palajaran 15 nepi ka 28 ngajelaskeun naon waé nu dilampahkeun ku organisasi urang. Alusna mah palajaran ieu dibahas hiji-hiji, ti awal nepi ka ahir. Tapi, bisa ogé bahanna diluyukeun jeung minat palajar Alkitab. Unggal palajaran téh ngan sakaca jeung bisa dibahas salila lima nepi ka sapuluh menit.

  • Tunjukkeun pananya nu jadi jejer palajaran

  • Baca palajaranana babarengan, bisa langsung kabéhanana atawa sabagian-sabagian

  • Bahas nu kakara dibaca. Gunakeun pananya nu aya di handap sarta gambar-gambarna. Baca jeung bahas ayat nu cocog. Tandeskeun patalianana kalimah nu dicitak kandel jeung pananya dina jejer palajaran

  • Lamun aya kotak ”Pilari Langkung Seueur”, baca babarengan jeung anjurkeun palajar pikeun ngalarapkeunana

^ par. 3 Édisi nu panganyarna aya di situs Internét.