Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAHIRUPAN KRISTEN

Cara Ngagunakeun Brosur Regepkeun Allah

Cara Ngagunakeun Brosur Regepkeun Allah

Brosur Regepkeun Allah dirancang pikeun ngajarkeun bebeneran dasar Alkitab maké gambar-gambar ka jalma nu teu pati bisa maca. Unggal palajaran bisa dibahas nuturkeun tanda panah nu aya dina hiji gambar ka gambar séjénna.

Brosur Regepkeun Allah Sangkan Hirup Langgeng sarua gambarna jeung brosur Regepkeun Allah, ngan bédana dina brosur nu disebutkeun mimiti mah aya leuwih loba tulisan jeung bisa digunakeun ku palajar nu bisa maca. Brosur ieu bisa dipaké keur mandu palajaran jeung palajar nu maké brosur Regepkeun Allah. Dina sababaraha palajaran, aya kotak katerangan tambahan nu bisa dibahas, gumantung kana kamampuh palajarna.

Dua brosur ieu bisa ditawarkeun iraha waé sanajan lain publikasi nu kudu ditawarkeun dina bulan éta. Waktu mandu palajaran, gunakeun gambar-gambar pikeun ngajelaskeun bebeneran Alkitab. Tanyakeun pananya-pananya pikeun mastikeun palajar paham kana palajaranana. Baca jeung bahas ayat-ayat nu aya di beulah handap unggal kaca. Sanggeus ngaréngsékeun brosur ieu, teruskeun maké buku Naon nu Diajarkeun Kitab Suci? sangkan palajar bisa dibantu nepi ka baptis.