Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | YERMIA 12-16

Bangsa Israil Mopohokeun Yéhuwa

Bangsa Israil Mopohokeun Yéhuwa

Yérmia dipasihan tugas nu hésé nu ngagambarkeun tékad Yéhuwa pikeun ngancurkeun naon nu diagul-agulkeun ku urang Yuda jeung Yérusalém.

Yérmia meuli sarung pondok tina linén

13:1, 2

  • Sarung pondok nu dibeulitkeun kana cangkéng ngaibaratkeun hubungan nu raket jeung Yéhuwa nu bisa dipimilik ku bangsa éta

Yérmia mawa sarung pondok éta ka Walungan Éprat

13:3-5

  • Manéhna nyumputkeun éta sarung dina sela-sela batu cadas, terus balik deui ka Yérusalém

Yérmia balik deui ka Walungan Éprat pikeun nyokot éta sarung

13:6, 7

  • Sarungna geus bobo

Yéhuwa ngajelaskeun alesana-Na sanggeus Yérmia ngajalankeun tugasna

13:8-11

  • Kataatan Yérmia dina ngajalankeun tugas nu katingalina sapélé ngadukung upaya Yéhuwa ngageuing haté jalma-jalma