Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAHIRUPAN KRISTEN

Bantu Kulawarga Sadérék Inget ka Yéhuwa

Bantu Kulawarga Sadérék Inget ka Yéhuwa

Yérmia ditugaskeun pikeun mépélingan urang Yahudi yén maranéhna bakal geura ditumpes lantaran geus mopohokeun Yéhuwa. (Yer 13:25) Ku naon maranéhna bisa nepi ka kitu? Kulawarga-kulawarga Israil geus ruksak hubunganna jeung Yéhuwa. Buktina, loba kapala kulawarga teu ngalarapkeun pituduh Yéhuwa di Pamindo 6:5-7.

Kiwari, lamun kulawarga kuat hubunganna jeung Yéhuwa, sidang gé bisa kuat. Kapala kulawarga bisa mantuan kulawargana terus inget ka Yéhuwa ku cara rutin ngayakeun Ibadah Kulawarga. (Jab 22:28) Sanggeus nongton vidéo ”Perkataan Ini . . . Harus Ada di Dalam Hatimu”—Wawancara Keluarga, jawab pananya-pananya ieu:

  • Kumaha carana sababaraha kulawarga bisa ngayakeun ibadah kulawarga nu rutin jeung nyenangkeun?

  • Naon mangpaatna rutin ngayakeun Ibadah Kulawarga nu cocog jeung kabutuhan kulawarga?

  • Tangtangan naon nu disanghareupan ku kuring dina ngayakeun ibadah kulawarga, jeung kumaha cara ngaréngsékeunana?