Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAHIRUPAN KRISTEN

Saha Babaturan Anjeun di Média Sosial?

Saha Babaturan Anjeun di Média Sosial?

Babaturan téh nyaéta saurang jalma nu boga hubungan nu akrab jeung jalma séjénna lantaran nyaah jeung ngahargaan manéhna. Contona, sanggeus Daud maéhan Goliat, Yonatan jadi hayang nyobat jeung Daud. (1Sam 18:1) Maranéhna ngahargaan sipat alus sobatna. Jadi, lamun hayang bener-bener akrab jeung sobat urang, urang kudu bener-bener kenal ka manéhna. Mémang ieu téh butuh waktu jeung upaya. Ari di média sosial mah, kari nga-klik mouse sakali hungkul, batur geus bisa jadi sobat urang. Di Internet, jalma-jalma bisa mikirkeun heula rék ngomong naon. Ku kituna, batur moal bakal apal manéhna téh jalma nu siga kumaha, sabab sipat aslina mah disumputkeun. Alus lamun urang mikirkeun heula jalma nu siga kumaha nu bisa jadi babaturan urang di média sosial. Waktu aya jalma nu teu dikenal hayang jadi babaturan urang di média sosial, ulah mikir urang bakal nganyenyeri haténa lamun urang nolak manéhna. Jadi ulah asa-asa nolak. Aya nu mutuskeun teu maké média sosial lantaran apal bahayana. Tapi lamun anjeun hayang maké média sosial, naon nu kudu diinget?

TONGTON VIDÉO SING PINTER DINA MAKÉ JEJARING SOSIAL, TULUY BAHAS:

  • Naon nu kudu anjeun pikirkeun saacan nyieun postingan poto atawa méré koméntar di média sosial?

  • Ku naon anjeun kudu ati-ati dina milih babaturan?

  • Ku naon anjeun kudu ngawatesan waktu keur ningalian média sosial?—Éf 5:15, 16