Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAHIRUPAN KRISTEN

Udag Pendidikan ti Yéhuwa

Udag Pendidikan ti Yéhuwa

KU NAON PENTING? Yéhuwa, Guru nu Maha Agung, nawarkeun pendidikan nu panghadéna ka urang. Mantenna ngajar urang supaya boga kahirupan nu leuwih hadé sarta nyiapkeun urang pikeun kahirupan nu éndah di mangsa kahareup. Kabéh pangajarana-Na haratis! (Yes 11:6-9; 30:20, 21; Wahyu 22:17) Pendidikan ti Yéhuwa ogé nyiapkeun urang supaya tarampil ngabagikeun warta nu nyalametkeun kahirupan.​—2Kor 3:5.

CARA NGALAKUKEUNANA:

  • Mekarkeun sipat rendah haté jeung lemah lembut.​—Jab 25:8, 9

  • Mangpaatkeun palatihan nu geus aya ayeuna, misalna ngajalankeun tugas dina pasamoan tengah minggu

  • Pikirkeun carana ningkatkeun palayanan sarta jieun rencana pikeun ngalakukeunana.​—Pil 3:13

  • Jieun pangorbanan pikeun meunangkeun leuwih loba palatihan.​—Pil 3:8

TONGTON VIDÉO MAKMUR SACARA ROHANI KU PENDIDIKAN TI YÉHUWA, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA DI HANDAP:

  • Tangtangan naon waé nu disanghareupan ku sababaraha pawarta demi miluan Sekolah bagi Penginjil Kerajaan?

  • Naon waé nu diajarkeun dina Sekolah bagi Penginjil Kerajaan?

  • Kumaha anggota sidang ngadukung para lulusan sakola ieu dina ngajalankeun tugasna nu anyar?

  • Naon sarat pikeun miluan Sekolah bagi Penginjil Kerajaan? (kr-IN 189)

  • Sadérék hayang miluan palatihan naon waé dina organisasi Yéhuwa?

Berkah naon waé nu bakal ditarima ku urang lamun ngudag pendidikan ti Allah?