Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAHIRUPAN KRISTEN

Kumaha Sadérék Nyiapkeun Diri pikeun Pangéling-Ngéling?

Kumaha Sadérék Nyiapkeun Diri pikeun Pangéling-Ngéling?

Ngamimitian taun ieu, urang bakal boga leuwih loba waktu dina nyiapkeun diri pikeun acara Pangéling-ngéling. Lamun acarana dina tengah minggu, pasamoan Kagiatan jeung Kahirupan moal diayakeun. Lamun dina ahir minggu, hutbah umum jeung palajaran Warta Hadé moal diayakeun. Naha Sadérék bakal ngamangpaatkeun waktu tambahan ieu? Saperti di abad kahiji, urang ogé kudu nyieun persiapan pikeun acara nu penting ieu. (Luk 22:7-13; km-IN 15/3 1) Tapi nu pangpentingna, urang kudu nyiapkeun haté. Kumaha carana?

  • Pikirkeun pentingna hadir di éta acara.​—1Kor 11:23-26

  • Doakeun jeung pikirkeun hubungan Sadérék jeung Yéhuwa.​—1Kor 11:27-29, NW; 2Kor 13:5

  • Baca jeung lenyepan publikasi nu ngabahas naon harti tina acara Pangéling-ngéling.​—Yoh 3:16; 15:13

Sababaraha pawarta maca jeung ngalenyepan ayat-ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling nu aya dina buku Ngulik Kitab Suci Unggal Poé. Nu séjénna maca ayat-ayat nuturkeun tabél nu dimuat dina Alkitab. Aya ogé nu maca deui artikel-artikel dina Warta Hadé nu ngabahas acara Pangéling-ngéling jeung kanyaah Yéhuwa sarta Yésus ka urang. Teu sual naon nu digunakeun ku Sadérék pikeun diajar, mugia Sadérék bisa leuwih raket ka Yéhuwa jeung Putra-Na.